Sae, kang Alfath..!
kukitu oge tos aya pangrojongna ti kang Alfath tah, kango ngiringan acara
HBH KUSnet 2008 ieu...
kanggo daftar sareng dimana2na mah ayeuna teu acan aya kaputusan...da' puguh
teu acana aya mu kersa madungdengkeun masalah ieu teh sareng  masih ninggali
keneh ka peserta anu antusias sapertos kang Alfath ieu yeuh....
pami seueur anu masih keneh ngaraos peryogi diayakeun Halal bi halal atanapi
silaturrahmi sataun sakali ieu, hayu Prung urang ayakeun deui HBH KUSnet
tea..... pami wae weh teu aya nu minat nya urang mah urang ngayakeun KOPDAR
Biasa we lah papada anggota milis anu hoyong wanoh sareng baturna sareng nu
masih ngaraos perlu ku silaturahim papada Urang Sunda,  nya engke urang
dibadantenkeun wae ka Apih eta mah, Haturnuhun kang Alfath....

-ts-

On Mon, Apr 7, 2008 at 11:25 AM, Alfath WIN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    hoyong ngiringan janten peserta . dimana daptarna?
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* [EMAIL PROTECTED]
> *Sent:* Monday, April 07, 2008 10:47 AM
> *Subject:* [gankleboy] Re: [Urang Sunda] haroyong aya HBH teu?
>
>  Ari kahayang Uing mah "EREEEEEEEEEEEEEEEEEK!!"jawaban teh...nya
> dukateuing nu lain mah da' tos nyobaan diposting teh sababaraha kali malahan
> ieu teh teu aya nu malir komo mairan mah masalah ieu teh, malah Apih Sidik
> kuanjeun nu naroskeun masalah ieu teh....tapi sigana malah loba nu bingung
> ngajawab teh, da' katinggalina enyaan resep keneh debat di Milis, bari teu
> katinggali beungeut tea geningan...ari di milis mah enyaan rempeg euy Urang
> Sunda teh aya kana 2500 member leuwih, komo da' nu hayang katinggali jeung
> kawentar pinter tea geningan...da' enya bukti atuh yen Urang sunda mah
> palinter (nu bodo mah ngan kuring wungkul sorangan ketang) he..he...
> nya kahayang mah dibuktikeun oge we dikieuna atuh omongan anu sok di
> gorowokeun di milis teh, yen Urang Sunda kudu ngahiji,Urang Sunda kudu
> hudang , Urang Sunda ulah nepika kasilih kujunti....nya babarengan atuh bisa
> ngahiji teh lamun aya realisasina di Darat, lamun ngansaukur pahaok2 di
> milis mah eta mah ngan ukur 'TEORI' wungkul....nya teu direalisasikeun mah
> angger we eta elmu teh euweuh nanaonan, ayeuna naon hasil /realisasi tina
> obrolan dina milis ieu nu kontek na jang ngamajukeun Urang Sunda teh? nu ka
> inget ku kuring mah ngan gawena YP = Yayasan Perceka jeung sok ngayakeun
> pajemuhan2 kasundaan (bari jeung eta oge arang  langka, malah pamilonna teh
> EDED alias Eta Deui Eta Deui)
> ari kitu keneh mah tetep we ceuk uing mah OMDO, komo bari jeung enyaan mah
> teu Wani datang ka HBH na teh...
>
> Nya sok tah ayeuna jalana ku ngiluah mikiran jeung ngahadiran Halal Bi
> Halal KUSnet tea,gera sok..dimimitian ku Nawaetu hayang nanjeurkeun
> Kasundaan mah...gera sok, dimimitian ku Silaturahmi heula, wawuh heula
> sapapada Urang sunda, Apal heula ka Urang Sunda sorangan, InsyaAlloh bakal
> langkung geugeut tali babarayaanna, bakal leuwih gampang kaityuna dina
> nangtukeun lengkah urang Sunda kahareupna lamun geus pada wawuh, jeung wanoh
> mah papada urang jeung urang...
>
> Euh punten jadi kapancing euy ku si Bohay ah, masalah kapanitiaan enyaan
> ti ayaeuna keneh geus kudu kabentuk sabenerna mah, jeung panitia anu kamari
> oge can dibubarkeun yeuh...nya sakalian uarng ayakeun pembubaran jeung
> pembentukan panitia anyar jang Kapanataclagraan HBH KUSnet taun 2008 ieu....
>
> Sok derrrrrrrrrrrrrrrr atuh lah, sakalian nyuhunkeun petunjuk oge kanu
> palinter tea, keun wae teu level oge atuh justru masalah anu ringan kieu
> yeuh anu kudu dimimitian mah gera sok....
>
> Geus heula ah, sakitu heula, eta mah itung2 curhat we uing uing
> mah....loba keneh tapi curhateun teh masalah HBH teh tapi waktuna dibeberik
> Jepun yeuh hihi....
> neda agung cukup lumur hapunten bilih seueur lepatna...!!
>
> Wassalam,
>
> -ts-
>
>

Kirim email ke