Sok ah bade ngiringan, tapi kumaha yeuh prak-prakanna? Ma'lum anggota enggal 
janten teu terang nanaon.
   
   
  Isma
   
  

Badrudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            HBH...? teuing atuh... heuheu...
asa geus lila aya postingan ngeunaan HBH teh ti Apih, kang Toni, kang Ndoell 
(kang Ndoell mah komo bari ngajakkan si Jay mosting na teh).. tapi nya kitu tea 
geuning ampir teu aya nu mairan, padahal mah naon hesena nya ngan mairan 
wungkul..
Ari keur kuring pribadi mah resep aya HBH teh, da tidinya bisa wanoh jeung 
baraya US di dunia nu nyata.. lain ngan ukur jadi dedemit dunia maya..
Ti mimiti aya postingan ngeunaan HBH, unggal aya kasempatan kuring ningalian 
sugan aya nu mairan.. tepi ka ayeuna lebeng, nu mairan ngan EDED we.. 
sempet oge nanya ka kang Toni sugan aya nu mairan ku cara ngajapri ka manehna 
tapi sami mawon sarua wae nihil.. beda pisan jeung postingan nu nyaritakeun 
PILKADAL, IM, April Mop.. jrrd.. meuni bur ber nu mairan.. padahal nu katingali 
ku kuring mah obrolanna teh muter we didinya2 keneh.. alias bulak-balik 
belekok.. 
Ceuk kuring deui ieu mah.. daripada ngobrol teu pararuguh, mending ngabahas 
masalah HBH, perlu teu diayakeun..? mun ngarasa perlu keneh berarti ti ayeuna 
kudu geus tatahar.. timimiti ngabentuk panitia.. survey keur pitempateun.. 
jeung utang-itung sagala kaperluanna..
Jadi kumaha....?

bdn.
punten ah bilih bahasana teu merenah..

--- In [email protected], "Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ari HBH taun ieu rek aya moal yeuh???
geuningan ari ditoongan dina surelek mah jigana euweuh respon yeuh kana HBH
teh.
unggal anu posting HBH teu ditanggapi alias jempling...
ari palebah postingan anu ngajak debat, nagajak pipaseaeun meni reang euy
anu mairan. alesanna teh "tukar pikiraan", padahal loba anu ceuk uing mah
ngan saukur nunjukeun "saha aing", mun nginjeum istilah kang Oni mah
"picecekbocekeun". heuheuheu...
cik lah... sok ayeuna mulai dibuka forum "Tukar Pikiran" ngeunaan HBH. sok
geura ramekeun, apanan ayeuna teh geus bulan April, da biasana oge geus
mulai kabentuk panicia ti bulan April taun kamari oge.
Atawa meureun Baraya- Barayi geus teu butuh HBH? geus ngarasa teu penting
HBH teh? nya amun geus ngarasa teu perlu, nya teu kudu diayakeun weh, ngan
omongkeun atuh didieu, ulah jarempling wae... ngarah puguh.
sok geura guar didieu...
sok atuh lah... geura obrolkeun... apanan acara ieu teh keur urang2 keneh...
neur teu?
cag ah...

-Bohay-



  
---------------------------------
  You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster 
Total Access, No Cost.  

                           

       
---------------------------------
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.

Kirim email ke