Loba nu hadir tangtu. Duka jejer/topikna soal nu sensifit duka pedah aya
dahar peuting haratis. Heuheu

Salian ti kang Ajip Rosidi (sok ngaakangkeun, najan umurna tos 70taun)
sareng Ceu Empat, garwana oge Sultan HB X jeung garwana nu geulisna can beak
:-), aya -ieu nu aheng- aya jendral pangsiunan, letjen Kiky Syahnakri-urang
karawang, kalungguhan pamungkasna wakasad, terus aya suryadi sudirja,
jenderal oge nu kungsi jadi gupernur DKI.    Cek pengamat pulitik mah, eta
teh hiji tanda. Ke di handap urang guar sugan.

 

Acara ngayayay. Aya nyanyi heula franky sahilatua, mc na kris biantoro.
Pidato heula ti pihak panitia (rumah nusantara, nyaeta Ipong Witono).
(nyelan heula) Ipong Witono teh anak Jenderal Witono nu kungsi jadi pangdam
Siliwangi keur mangsa haneut taun 60an akhir. Salah saurang aktivis harita,
MS Hidayat, nu ayeuna ketua Kadin, bos puteraco, baheulana deukeut ka
Witono, basa Witono jadi dubes di jepang, neangan injeuman modal pikeun
modal Puteraco. Tah Ipong di ajak MS Hidayat ngurus Puteraco. Bisa jadi
ayeuna salah saurang bos Puteraco. MC Kris biantoro medalkeun buku
otobiografi dina raraga 70an sawareh bukuna di jual di eta acara hasilna
cenah pikeun Damas. Daya mahasiswa sunda nu milu jadi panitia. Diajak ku
rumah nusantara cenah.

 

Kris Biantoro salaku MC kahot, nyarita manehna inget ka ucapan jendral Gatot
Subroto. Yen salah sahiji cara ngaraketkeun bangsa teh ku cara kawin antar
etnik. Aya gigireun nu ngaharewos, "gelo! Urusan nasionalisme bisa beres ku
urusan seks?" cenah. Haha. memang kadengena, deet pisan pandangan Gatsu teh.
Nya meureun jaman harita, nu pinter can loba karek nu wanian wungkul. Haha

 

Nu pidato munggaran,  minangka nu boga hajat, kumpulan wartawan tea. Terus
Kiky Syahnakri, nu boga LSM jati diri bangsa (oge ketua pejuang siliwangi
indonesia) Sultan HB X pidato heula memeh diskusi. Nya soal kebangsaan. Yen
Indonesia teh nagara pluralis. Siga mozaik kitu. 

Terus diskusi. 

 

Kang Ajip nepikeun bubuka nu neunggeul panitia. Biasa da AR mah US
panggandengna (Abah Surya nyebat AR teh US pangbadagna, cek kuring mah
panggandengna. Haha). AR teu satuju ieu acara rekonsiliasi sunda jawa. Komo
AR nu kudu jadi narasumber. Sabab, kahijina, manehna teu boga urusan jeung
teu pernah konflik jeung Sultan. Kaduana, dina enyana acara teh kitu, AR teu
ngarasa teu pantes sapanggung jeung Sultan. Harita AR ngaku, saya mah
preman. Ger nu hadir seuri! Maksudna memag AR mah teu boga status formal
nanaon. Kepala suku sunda, lain, inohong pamarentahan lain. Atawa kepala
kampung adat oge lain. 

 

Ari soal Bubat mah, cek AR, teu aya relevansina pikeun jaman kiwari. Anggur
mah milu usaha sangkan US barisa ningkat sagala rupana. 

Cilaka! Gigireunu aya ibu2 can kolot2 teuing, ngalieuk ka kuring nu diuk
gigireun kang Encep Tribun Jabar. Si Euceu tea terus nyarita semu kecewa ka
ucapan AR. Sabab isu peristiwa Bubat teh cenah sensitif, jst. Kahayangna si
euceu eta, ieu momen hade pikeun ngaguar kumaha US baheula wani merjuangkeun
bebeneran oge kahormatan. Kumaha karuhun baheula, jst. Nyaritana bari
dibarung ku emosi. Alah aing mah, manggih USGK atawa USF yeuh (Urang Sunda
Garis Keras, Urang Sunda FUndamentalis!) haha. si euceu eta oge dina waktu
diskusi milu nanya soal acara ieu teu berguna mun teu ngabahas kumaha
karuhun baheula bela pati di Bubat. nya meureun kabeh geus papada apal!

 

AR terus maca sabagian naskah tina Wangsakerta nu tos diterjemahkeun.
Ngebrehkeun yen Raden Wijaya teh turunan Sunda, jst nu diaminan ku HB X.
sigana AR hayang suasana tiis. Sabab nya piraku kudu ngahudang peristiwa
bubat, abad ka 13-14 dibawa ka ayeuna. AR oge ngebrehkeun yen nu dimaksud
etnis teh ayeuna mah geus hese ditoong sacara genetis. Anjeuna sorangan ti
indung mah aya kokocoran pekalongan, jst. Tapi budaya dimana hirup eta nu
terus bisa jadi identitas sapopoe. 

 

Nu jelas, cek AR isukna diacara sejen, di pusat studi sunda, carita bubat
eta pangaruh pikeu UJ gede, nyaeta jadi ngarasa suku bangsa nu superior. Ieu
rada bahaya cek kuring mah. Jeung ku ayana sumpah palapa, nu cenah
ngahijikeun nusantara handapeun kakuasaan majapahit geus jadi samacam
justifikasi yen indonesia ayeuna teh baheulana majapahit. Eta salah kaprah.
Ringkesna, UJ teu berhak ngadominasi atawa boga hegemoni Indonesia! 

 

Cek Sultan HB X

Soal Gajah Mada. Sabenerna karajaan jawa -majapahit  boga adat persatuan
cenah,  teu boga watek 'penakluk' atawa agresor cenah. Ngan ku Gajah Mada
eta adat teh dirobah, ku make sumpah palapa tea. Jadi karajaan agresor alias
penakluk. Sultan ngeceskeun yen Indonesia ayeuna lain mangrupa warisan ti
karajaan2 jaman baheula, tapi lahir taun 1945. Ringkesna Sumpah Palapa ngan
ukur cocog di jamanna. Ayeuna mah cenah Sumpah Pemuda tea, nu jadi akar
sakur bangsa di nusantara ngahiji. Cek kuring mah da lain, nu ngahijikeun
bangsa teh alatan di jajah walanda. Papada sarua nasibna. 

 

Kecap konci eta, indonesia lain dijieun ku sumpah palapa. Tapi ku sumpah
pemuda. Atuh orde baru teh wadul nya. Dina buku sajarah sakolaan, ditabeuh
tarik pisan soal gajah mada nu boga sumpah palapa tea. Seolah-oleh indonesia
ayeuna teh baheulana majapahit, jst. Kecap eta jadi mupus hemegoni jawa di
indonesia. Indonesia lain jawa raya, tapi indonesia nu lahir taun 1945. kari
urangna kudu bisa bersaing make cara sehat jeung cerdas.

 

Saterusna mah HBX nyarita kabangsaan. Bapana, HB XI ngintegrasikeun karajaan
Yogya ka RI. Malah waktu RIS, RI pindah ka yogya. BK jeung BH pindah ka
yogya, us milu! Tentara siliwangi pan milu hijrah! Tapi keukeuh jadi susah,
sabab basa balik deui ka lembur, di jalan dicegat ku darul islam
kartosuwiryo tea.

 

Salah saurang nu nanya, Zaeni, ti komunitas Hong (kaulinan barudak tea).
Cenah, dina lagu2 kaulinan barudak sok aya kecap2 nu ngalecehkeun jawa. Siga
dina lagu, jawa kowek maling apu, jsb. Haha. AR ngajawab eta mah nya bagian
tina budaya lagu barudak, da ari geus gede mah, silih ledek antar etnis
ditempona ngan ukur heureuy. Manehna mere conto kumaha msiswa UI antar etnis
silih ledek. 

 

Si kuring mah rada apal adat tipikal kitu. US sok ngeledek jeung memang
(sawareh) rada boga rasa teu suka, alatan sentimen sajarah. Salian ti kasus
bubat, oge beh dieu mataram pisan, karuhun HBX kungsi nguasa priangan, nu
warisanana aya keneh, jeung sok jadi bahan pasea urang, undak usuk basa tea.
Oge basa taun 50an, aya isu ko jeung non ko, basa RIS tea. US nu loba gawe
di kantor pamarentahan harita dianggap koperatif (pro walanda), loba nu
diganti urang jawa nu cenah non ko. Kasus eta nu ngalahirkeun kongres Pemuda
Sunda Atawa Front Pemuda Sunda. Nu salah sahijina, menta pamarentah
ngadegkeun kampus jang barudak sunda, sabab nu aya harita ngan UGM (no non
teknik, da di bdg nu teknik aya ITB). kasus silih ledek kitu di batur oge
aya. Urang finlandia semu nu ngewa ka kurang russia oge swedia, nu duanana
kungsi nguasa finlandia. Kabeneran ayeuna loba urang russia nu gawe di
finland jadi buruh kasar. Nya meureun sarua jeung UJ nu loba ngumbara ka TS
diantarana mun teu jadi profesor di itb, tentara di siilwangi, nya jadi
tukang baso,  pembokat di imah US bdg, jst.

 

Ringkesna, perang bubatna mah teu jero dibarahas. Sabab enya sih, geus
sababaraha abat katukang. Teu relevan di bahas. Nu leuwih dibahas ku sultan
utamana, nya soal pluralisme kebangsaan tea. Indonesia teh plural. Beragam. 

 

Ulasan pulitis

Ku hadirna jendral Kiky Syahnakri, Suryadi Sudirja dina eta acara jeung
malah jadi panitia, cenah nembongkeun keberpihanana ka sultan HBX nu cenah
deui, rek maju jadi capres dina pemilu hareup. Leuh, raja yogya nu ayeuna
jadi gubernur yogya, jadi presiden RI? Hate asa teu merean euy.

 

Bisi aya nu teu presisi, hampura, da ngan ukur meunang nginget2. heuheu

 

Kirim email ke