Baraya, Tah geuning kang KomBesS nawaran tempat oge, berarti geus aya duaan nu nawaran tempatna mah keur ngariung nyawalakeun HBH (hiji deui di daerah Tebet).
Ti ayeuna kuduna mah geus dimimitian ngarancang, jeung utang-itung naon wae keperluanna (tah didieu yeuh nu pinter utang-itung dibutuhkeun pisan ka ahlianna).. daripada ngobrol teu dumuk jujutanna mah mending oge hayu ah urang miluan ngariung nyawalakeun HBH (lain Hahh..BH).. Ngabahas PILKADA mah keun bagian tim sukses masing2 calon, komo ngabahas april mop mah euweuh pisan patula-patalina jeung kasundaan. Nyarita kieu teh lain pedah kuring teu boga hak pilih di JABAR, da memang geus lila kuring mah teu boga hak pilih malahan mah taun 95 bapa nyalon KADES ge kuring mah teu miluan milih.. Mun kuring teu salah ayana milis US teh diantara keur ngabahas nu aya patula-patalina jeung kasundaan, keur ngamumule budaya sunda, jrrd. Tujuan HBH oge salian ti silaturrahim teh aya oge acara sejen nu penting ceuk si kuring mah nyaeta mintonkeun kasenian sunda nu geus ampir punah (contona Wayang Catur nu kamari dipintonkeun di HBH Kiara Payung).. Jadi kumaha.. haroyong aya HBH teu..? bdn. EDED ulah mairan ah wegah macana ge.. --- In [email protected], "Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sok lah, amun rek di Bandung mah, diimah uing ge teu nanaon... > rek iraha? > > enyaan euy... nu mairan postingan ieu mah EDED. > kudu ganti kitu subjectna jadi "HBH dalam pandangan Islam berdasarkan AQ dan > AH" ???? > heuheuheu... > > -Bohay-

