assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh, bari manjatkeun puji sukur ka Ilahi Rabbi, salawat miwah salam mugia saterasna ka jungjunan urang sadaya Rasululloh SAW.
kenalkeun, sim kuring Rijal. lahir di Tasik ngan katurunan sumedang. nuju nyiar elmu di Walanda. sakadar berbagi, bulan kamari dinten minggon 23 maret 2008 di Sakola Internasional Netherlands (SIN). diayakeun silaturahmi urang sunda. nu hadir aya kana 20-an urang. ti samet nu kantos janten guru sejarah di SIN, dugika para TKI, mahasiswa, jeung barudak ingusan asal sunda nu keur aya di Walanda riung mungpulung. insya Allah kapayuna rek ngadamel wadah, namina can panggih. ngan rencana mah moal jauh ti paguyuban sunda di walanda, atanapi kulawargi sunda walanda. sugan aya usulan ti balarea, kanggo ngalestarikeun budaya sunda. utamina ngenalkeun kabudayaan sunda di tanah batur. mangga wae e-mail ka sim kuring. diantos pisan, rencanana aya silaturahmi deui antawis 23-25 mei 2008. margi kamari diprotes, loba nu teu ka ondang ceunah. sakitu wae anu kapihatur. haturnuhun. salambaktos ti patebihan. wassalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh, Muhammad Rijal ARS http://rijal28.wordpress.com

