--- Begin Message ---
Sampurasun sadayana , kidulur.
Aya nu can rengse dina lalampahan mangsa bihari,
sajarah nyesakeun sababaraha masalah . Kasaimbangan
jeung kaadilan mangsa kiwari meredih ka urang pikeun
migawe jeung sikep hirup nu nu didadasaran ku
kajembaran tur welas asih. Peran Sutasoma nu ngandung
papagon pikeun ngokolakeun kahirupan di dunya dumasar
kana Bhineka Tunggal Ika hasil kamotekaran Mpu
Tantular (masih seuweu-siwi Galuh -- cenah ceuk
turunanna) dina pandangan Anand Krishna mengrupakeun
peran Indonesia jeung Indonesia boga peran
nyumebarkeun warta welas asih pikeun ngahijikeun nu
paburencay aing-aingan, nyegah pagetreng, ngabereskeun
konflik pikeun ngawujudkeun kasantosaan hirup
bangsa.
Pangwangunan nu dilaksanakeun salila ieu nu dumasar
kana pendekatan ekonomi jeung pulitik ngahasilkeun
bohak bangsa nu ngabuahkeun rupa-rupa masalah jeung
bencana nasional nu kapapanjangan tur mawa akibat
serius kana parobahan sikep masarakat. Tah ku alatan
eta, kiwari mangsana pikeun ngarobah cara ngawangun
bangsa ku strategi holistik kabudayaan. Kitu dasar
pamikiran pangpangna pa Granoka motekar pikeun
ngagelarkeun acara nu make tema GARBA DATU MENAPAK
BUMI NUSANTARA SEABAD KEBANGKITAN NASIONAL, nu
rencanana diayakeun di Trowulan, oge sakaligus
pangeling-ngeling 7 abad Sutasoma jeung mapag kajayaan
nusantara nu nurutkeun itungan puteran mangsana datang
unggal 7 abad balik deui (nyakra manggilingan).
Tah sakumaha geus dibewarakeun ku simkuring, yen dina
raraga eta pa Granoka sareng kelompokna Maha Bajra
Sandhi, boga kayakinan kasuksesan ieu acara kudu
dirojong ku ditepungkeunana Goong Pusaka Majapahit
jeung Goong Pusaka Pajajaran (Goong Degung Sunda
Pusaka Rakai Pajajaran), nu nepi ka kiwari dua goong
pusaka ieu masih keneh dina panyungsian (mangga
kidulur saha nu tiasa maluruh).
Tah pangna dibewarakeu ka dulur-dulur kisunda, nyaeta
urang sunda rek mere sumbangsih naon dina raraga ieu,
apan urang teh kudu mapag uga sakumaha dibewarakeun
dina Wangsit Siliwangi (mun percaya!), yen :
................. Urang Sunda disasambat, urang Sunda
ngahampura. Hade deui sakabehanana. Bangunna ngahiji
deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar,
Ratu Adil sajati.Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta
Ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia
eta budak angon ! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah
ngalieuk katukang !
Oge cenah ceuk kolot dina carita Sanghiyang Watugunung
(urang Sunda) boga katurunan nu jadi cikal bakal urang
Sunda-Jawa-Bali, Sunda teh pangkolotna atawa nu jadi
cikal bakalna. Jadi wajar mun anak atawa pangleutikna
manggih kasusah, pasti ngumaha teh kanu jadi kolot.
Oge aya istilah ti Bali geusan ngajadi .... moal
kitu, ngaliwatan ieu perkara???. Tah dumasar kana ieu
meureun urang Sunda ge kudu aya kiprahna. Tah... jadi
urang sunda rek kumaha ??? Mangga urang aremutan,
ulah Mangga-rai wae, tapi tos wayah jigana boga
sikep Keun ku akang.
Rarancang eta kagiatan teh mangrupakeun rangkeyan ti
kaping 18 Mei dugi ka kaping 27 Mei, puncakna dina
kaping 20 Mei 2008, mangga urang sungsi dimana urang
bade ngarojongna.
Garis Wadag Rarancang Susunan Acara :
A. Tanggal 18 Mei 2008 : GREBEG AKSARA PRASADA
Mangrupakeun gerakan holistk murni, mangrupa bentuk
YANTRA perjalanan nembus waktu
(Aksarantaraprasadattwa). Tina aksara ka a-ksara, tina
puseuran kasadaran kosmis nu disimbulkeun ku huruf
(aksara) puseuran yantra aksara :
gutural-palatal-cerebal ngajugjug ka hakekat
pangluhurna nu disimbulkeun ku titik kaabadian nu teu
teu bisa musnah (a-ksara).
Prosesina mangrupa : ti isuk mula jam 06.00 diayakeun
renungan suci teks Aksara Sakti Prasasti Parba Jagat
Bali; terus Penyatuan tiga api Pura Gua Garba Datu,
Pura Puncaksari (Api Murda Gunung Agung), jeung Pura
Tamansari nu digelar di Desa Adistana Budakeling nu
saterusna dibawa arak-arakan ngagunakeun mobil/motor
ngajugjug ka Trowulan, kalayan di unggal puseur
kabupaten nu kaliwatan disambut ku kelebetna
panji-panji Pusaka Merah-Putih jeung sumanget saabad
kabangkitan nasional nu dibobotohan ku para
bupati/walikota sa-Bali, masarakat jeung
lembaga-lebaga sejenna. Sorena rombongan Grebeg
ditarima ku Gubernur Bali,kira-kira jam 6 sore
neruskeun perjalanan peuting meuntas ka Jawa.
B. Tanggal 19 Mei 2008 : GREBEG DITARIMA GUBERNUR
JATIM di Pedopo Brawijaya Trowulan, nu bakal dieusi ku
acara sambutan Gubernur Jatim (nu boga wilayah/tuan
rumah), ramah tamah, istirahat, gladi bersih, rapat
koordinasi panitia.
C. Tanggal 20 Mei 2008 : PAGELARAN RITUS BUDAYA
MAHKOTA (Acara Puncak), nu dieusi ku acara
a. Grebeg ngajugjug Pendopo Brawijaya, formasi Bajra
Bumi : Grebeg ngajugjug Candi Bajangratu-pagelaran
Aubade Grebeg, renungan kabangsaan,
b. Alokabhasa kulminasi tengah hari (pencerahan
penuh) : nu dieusi ku ditabeuhna Genderang Surga,
Pemberkahan Parba, Ritus Pembacaan Sutasoma jeung
Nagarakertagama, Pasraman Desa Saren.
c. Yoga Musik Pakarana Gamelan Maha Bajra Sandhi.
d. Tarka Wyakarana Paramaguhya, Asta Bajra
e. Murda Wakya, Sambutan Presiden RI
f. Alokabhasa, puncak kulminasi
g. BABARUNGAN GONG TRI MANIKAM II, Festival Gong Tujuh
Tahunan, Puncak Penciptaan Zaman 2001-2008 :
mangrupakeun puncakna acara nu digelar ku Festival
Musik Tri Manikam II atawa musik lintasan spirit zaman
kiwari, ngagelarkeun tiga barung gamelan goong
berkapasitas besar mewakili puncak-puncak penciptaan
zamannya, digelar dijero mandala kreatif goncangan
dunya anyar Prakempan Jagat Anyar Maha Bajra Sandhi.
Dina acara ieu rencanana ditabuh Goong Pusaka
Majapahit, Goong Pusaka Pajajaran jeung Goong Pakarana
Mahabajra (Goong Bali).
Dina jam 12 wengi rencanana dieusi ku renungan kalayan
dijajap ku nabeuh kacapi jeung kidung ti rombongan
simkuring (rombongan pa Ugan-Teh Neni Hayati).
D. Tanggal 21 Mei 2008 (DIALOG KABANGSAAN) :
Dieusi ku Fragmentasi Sutasoma diteruskeun ka
parum-param (dialog poko-poko pikiran dina raraga
ngawangun atawa ngadayakeun mandala dharma desa /desa
ideal ditengah-tengah pasualan-pasualan kabangsaan
kiwari, utamana dikaitkeun kana kabangkitan Tujuh
Abad Bhineka Tunggal Ika jeung Saabad Kabangkitan
nasional.
E. Tanggal 22 Mei 2008 : LINGACHALAPRABHA, mangrupa
kagiatan munggah bukit mapag terbitna panonpoe, nu
nyimbulkeun Fajar baru nagri, jeung mulang mawa cahaya
pembaharuan semesta nu diwuwuh ku katentreman jeung
tatali asih.. Di pucak ieu bakal dilantunkeun
kidung-kidung suci.
F. Tanggal 20-27 Mei 2008 : PAMERAN, dieusi ku pameran
seni jeung pusaka sajarah bangsa mangrupa surat-surat,
diagram rajah jeung gambar-gambar.
Tah kitu rarancang acara di Trowulan teh kidulur,
mangga dilenyepan dina acara mana kira-kira urang bade
ngarojong, namung tangtosna kedah saenggalna urang
ngalaporkeun ka panitia.
Kanggo catetan ieu acara teh memang aya kapanitiaan
pikeun ngoordinasikeun acara, namung dina sagala
waragad diserahkeun ka masing-masing rombongan
(kontribusi masing-masing), boh transportasi,
panginepan, konsumsi jeung sajabana. Rombongan ti Bali
nu jadi penggagas tur panitia, memang dirojong ku
Pemda-Pemda sa-Bali.
Ka Ambu, kang Tirta, oge ka dulur-dulur nu aya kereteg
hoyong ngempel dina panglawungan ngabahas perkara ieu,
mangga koordinasi sareng kang Tirta. Kumaha tah Ambu,
oge kidulur upami ngempel teh di kantorna Ambu (Gedong
Arkenas?) atanapi di rorompok simkuring di Bekasi,
atanapi dimana bae nyanggakeun, namung sabada jam
kantor atanapi dina dinten saptu/minggu (tabuh
sabaraha bae), mung nyaeta simkuring teh dina sasih
Mei ieu aya waktosna teh (teu kaluar daerah) dina
kaping 7, 11,12,13,14, 19, 20-21, 27. Saena mah
saenggalna, margi waktos tos nyerelek.
Hatus nuhun. Rampes sun.
Pun tabe pun
Engkus.
--- richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teu cios, tapi diundur waktosna.
>
> Agus Pakusarakan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> telat maca euy... acara
> jam 6:30 karek muka e-mail jam 6:59
> kumaha nya
>
> Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ka wargi sadaya, hayu urang tepung
> ngabadantenkeun kumaha-kumahana mayunan acara
> ngeunaan goong pajajaran di Situs Trowulan sasih
> payun.
> Dinten: Jumaah, 4 April 2008
> Waktos: Tabuh 6:30 sonten (after office hour!) -
> rengse
> Tempat: Dunkin Donut (pami seueur) Wisma
> Metropolitan II atanapi Starbuck - Wisma
> Metropolitan I
> Jl. Jend. Sudirman (totogan Casablanca - Sudirman)
> Rute: Busway, Beus turun di Halte Karet; Kareta:
> Stasiun Dukuh atas nyambung Busway/beus biasa turun
> di Halte Karet
> (Halte Karet: Payuneun Le Meridien Hotel
> oge payuneun Wisma Metropolitan - WTC).
>
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
>
>
>
>
>
----------------------------------------------------------
>
> AGUS PAKUSARAKAN
> +62 81283 776 62 / +62 81806170432
>
>
----------------------------------------------------------
> UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan
>
>
----------------------------------------------------------
>
> KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa
>
>
----------------------------------------------------------
>
>
> ---------------------------------
> You rock. That's why Blockbuster's offering you one
> month of Blockbuster Total Access, No Cost.
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> You rock. That's why Blockbuster's offering you one
> month of Blockbuster Total Access, No Cost.
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
____________________________________________________________________________________
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total
Access, No Cost.
http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text5.com
--- End Message ---