Kang Rustandi, peureus tapi sukses Kenging sms ti Arief Gustaman nu damel di PH Dedy Mizwar, Kang Rustandi pupus di panti jompo, Jumaah (11/4) tabuh 6 enjing-ejing. Gutrut wae ngadamel beritana kanggo dikunclungkeun dina www.tribunjabar.co.id. sareng kanggo dina edisi citak saptu ping 12 april.
Sareng Kang Rustadi tiasa disebatkeun caket, diwanohkeun ku Kang Adang S, nalika ngelmu bagbagan nulis. Harita komunitas diajar nulis teh namina Harupat. Kang Rustandi sok diangkir jadi saehuna. Carana ngasuh, estu matak epesan keur nu ipis burih mah. Da ngiritikna peureus, nalengtengna deuih nu matak pundung keur nu teu payaan mah. Bara nalengtengna teh ngaberik, kudu aya hujah anu rasional. Upamana, mun urang nyebut carpon absurd, ku anjeunna mah ditalengteng pangaweruh urang teh naon nu disebut absurd teh, nepi ka kudu nyaho bubuk leutikna. Mun teu nyaho, beak dikekeak. Walah, keur nu teu kaopan mah matak embung tepung deui. Anehna, kuring mah bet resep kana cara kitu teh. Da asa kapecut jadi sok hayang mapay2 referensina. Nepi ka tungtungna mah remen nganjang ka bumina di Jalan Pajagalan, Bandung, caket puseur Persis. Teu wudu matak aheng, atuda bumi teh pinuh ku buku jeung keretas. Kungsi maut kertas tina gundukan kertas, beu, benduna....ti harita tara wani wani open kana buku atawa kertasna. Tapi ari nganjang mah mindeng, malah sakapeung sok jeung Cece Hidayat, guru SMPN 13 ayeuna mah. Ku cara ngasuh bari loba nalek nepi ka bubuk leutikna, sigana unggulna Kang Rustandi teh. Da buktina loba pangarang asuhanana nu jaradi, samodel Aam Amalia, Holisoh ME, Eddy D Iskandar, Adang S, jeung rea deui nu sejenna. Asana di Pajagalanana teh nepi ka awal 1990-an. Ti dinya anjeunna kungsi dumuk di bumina Kang Ajip di pasar minggu, tapi teu lami, tuluy dumuk di panti jompo. Pleng teu kungsi pendak deui. Saurna dugi ka sepuhna masih keneh sok kumelendang ka Taman Ismail Marjuki. Mugia wae amal solehna ditampi ku Allah SWT. Amiin. cecep burdansyah --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mugia teu aya halangan harungan pikeun mulih ka > Jatina, mulang ka Asalna -- Rampes. > > pun tabe pun > > Engkus > > --- Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Mugia almarhum ditampi di sisi Nu Maha Ageung. > > amiinnn > > > > Baktos > > Tessar > > > > --- ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Ngiring belasungkawa.... > > > mugya almarhum di hapunten sadaya kalepatan > nana, > > > amiin. > > > > > > ikmal sakulawargi > > > > > > > > > 2008/4/11, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>: > > > > > > > > Inna lillahi wainna ilaihi rojiun. Nampi > > > wartos ti Ambu rehna Kang > > > > Rustandi Kartakusuma, maot dinten ieu teras > > > rencanana dikurebkeun di > > > > pamakaman TPU Cibubur. Mugi anjeuna diaping ku > > Nu > > > Maha Kawasa, dicaangkeun & > > > > dilegakeun alam kuuburna. > > > > > > > > Ka kulawargi almarhum mugi dipasihan > kaikhlasan > > ku > > > mulih ka jati mulang ka > > > > asalna Kang Rustandi. > > > > > > > > baktos, > > > > tirta > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________ > > > > Do You Yahoo!? > > > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > > protection around > > > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > protection around > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

