lamun kitu mah kuring rek milih agum-numan atuh.
alesanana: resep wae ah...(he..he..)

sonirosa
www.bolotot.com

  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, April 09, 2008 4:59 PM
  Subject: [Urang Sunda] jurus milih cagub cawagub suragub



  Ieu mah lain rek nambah ngalilieur ngan ukur susuganan bisa jadi bongbolongan 
pikeun nangtukeun pilihan dina engke nyoblos 13 april 08.

  Nu percaya angka sial 13 mangga. Nu henteu syukur. Heuheu. Nu jelas kuring 
teu maksud kampanye ngajak milih saha, tapi ngajak nyoblos kanu geus kadaptar.

  Ulah teu syah, soalna eta kikituan teh, boh waragad pikeun parabot nyoblos 
boh dana kampanye masing2 calon, pastina make dana milyaran. 



  Urang toong masing2 calon ku jurus musik SKA, skahayang skadaek tea.



    1.. DA'I, danny setiawan jeung iwan sulanjana 


  Danny Setiawan incumbent, hartina ayeuna keur jeneng jadi gubernur. Geus rek 
lima tahun tah jadi gubernurna. 

  Cara nangtukeun pilihan ka beliau mah atuh teu hese, toong we gawena salila 
beliau nyekel kalungguhan jadi gupernur.

  Mun karaos raos nya atos we pilih beliau si manehna ituh.  



  Faktor cawagubna bisa teu perlu ditoong, tapi dina perluna oge memang beliau 
ituh kungsi jadi pangdam siliwangi. Ngan duka tah hese noong karya jadi 
panglima mah.

  Kacuali jabar relatip adem ayem, sanajan eta duka tugas saha, pulisi atawa 
tangtara atawa duanana. 





    2.. AMAN agum gumelar jeung nu'man 


  Di nu ieu aya incumbent oge, nya cawaguna, Nu'man ayeuna mangku ngalungguhan 
wakil gupernur. Mun dianggap cagub oge boga peran penting dina ngawangun jabar, 
nya toong oge kaayaan lima taun ayeuna. Naha jabar ngalusan atawa ngabututan. 
Raraos we ku nyalira. H



  Ari Agum apan urut menteri dua kali jeung pupuhu koni.

  Ngukurna bisa ku hasil karya beliau ituh keur nyepeng kalungguhan menteri 
koordinator sosial politik keamanan jaman gus dur jeung menhub jaman mega.

  Sanajan gupernur jeung mentri tingkatanana beda. Nya itung2 referensi.





    3.. HADE, ahmad heryawan jeung dede yusuf 
   nu ieu ngorbitna di jakarta, anggota dprd dki jeung dede mah pan anggota 
dpr, seleb,ngora keneh deuih. 

  Nya tong waka dihartikeun maranehna ulina teu di jabar terus teu milih, bisa 
jadi boga cara lain pikeun maranehna noong kaayaan jabar.

   Kondisi ieu, teu kungsi nyepeng kalungguhan di jabar, bisa jadi titik lemah 
kanu hayang calon teh lila aya atawa aktip suraktip di jabar. Tapi apan agum 
oge asana teu kungsi jadi pajabat di jabar. Asana ge teu kungsi jadi pangdam 
slw, ngan kungsi di wirabuana, jeung kopassus. Komando pasukan susah terus J

  Tapi asana, dede teh di pemilu, ngawakilan jabar cenah.



  Wilujeng kampanye jeung wilujeng nyoblos.










   

Kirim email ke