naon sih alesan warga jabar milih salah sahiji calon gubernur ? 1. Apal kumaha Program na , sigana ngan kurang ti 10% nu apal kumaha ari program calon gubernur nu ayeuna. Cara supaya nyaho kana program na: tina kampanye, koran, internet, tv 2. Apal kana curriculum vitae na jeung pangalaman na, saeutik oge sigana 3. Apal kana cara berpikir na, tah alesan ieu mah sigana alesan pang saeutikna. 2. Wawuh ka si calon na. Tapi ngan sawates wawuh kana fisik na - lantaran calon na gubernur jeneng, najan sigana loba oge nu teu apal nu mana ari gubernur jeneng, soalna gubernur na pan jarang aya dina tv nasional. - lantaran calon na artis - lantaran calon na urut pejabat, urut mentri, pangsiunan tentara 3. Ngilu jeung umum, artina mun di kampung loba nu milih si A nya ngilu milih si A, tapi mun loba nu milih si B nya ngilu milih si B. alesan no 3 ieu alesan utama pas jaman ORba kunaon golkar meunang, sabab jaman harita mun kanyahoan teu milih golkar bisa hese mun perlu nyieun surat di kelurahan saperti surat kelakuan baik jeung surat-surat sejenna. Terus alesan no 3 ieu alesan paling aman, mun salamet nya salamet sarerea, mun cilaka nya cilaka sarerea. 4. Ngilu jeung baraya, kabeneran aya dulur nu jadi jurkam atawa simpatisan salah sahiji calon. 5.milih gubernur jeneng lantaran sugema kana hasil gawena 6. milih calon lain salain gubernur jeneng sabab teu sugema kana hasil gawe gubernur jeneng, sanajan teu pasti yen calon sejen bisa leuwih alus tibatan gubernur jeneng tapi nya susuganan we atuh bisa leuwih hade, pan ari milih gubernur jeneng mah kemungkinan besar moal leuwih hade da jalma na eta-eta keneh. 7. Milih nu rupa na kasep, nu resep kumis nya milih nu aya kumisan, nu resep janggot nya milih nu aya janggotan, nu resep kana kagagahan nya milih pangsiunan tentara nu awakna seseg 8. Milih Si A, lain pedah resep ka si A tapi lantaran sebel ka si B jeung si C, bisa oge lantaran sebel ka partai nu ngadukung si B jeung si C 9. Sagolongan: bisa sapartai, sa ormas, salembur, sa almamater jsb 10. pas ngiluan kampanyeu meunang duit 50 ribu, kaos, sembako, jsb 11. Sapilih-pilihna, nu ieu mah asal milih baktos, nu teu milih

