Dina Tribun Jabar kabejakeun aya ajengan mehmehan ngamuk di TPS,
gara-gara nepi ka prungna waktu nyoblos, manehna sakulawarga can nampa
kartu pamilih. Mangkaning, TPS teh perenahna di kompleks sakola boga eta
ajengan.

Teu aneh, sabenerna mah, dalah warga Kusnet ge loba nu ngalaman: teu
kadaptar salaku pamilih, atawa dulurna anu budak leutik atawa geus maot
boga kartu pamilih. Jawaban ti nu boga tanggung jawab, lolobana teu
riuk-riuk, teu rumasa boga salah. Dina menta hampurana ge, teu euleum2,
cukup ku ngembohan "kasingsal hiji dua mah hampura bae, atuh..." kitu
meureun ceuk heureuyna mah. Atawa, "Ieu oge teu weleh diropea cara
ngadatana..." Beu, geus leuwih ti 60 taun merdeka, buktina can bisa
ngadata rahayat sorangan. Ngadata rahayat wae teu baleg, kumaha rek bisa
nguruskeunana? Tina hal ieu wae, kaciri pisan kumaha mental urang dina
ngalaksanakeun kawajiban. Digawe sahayuna padu jadi, asal duit geus
kacangking, soal mutu mah sigana teu ieuh jadi pikiran.

Kumaha pilgub teh? Geus sabaraha persen sora nu kadata? Saha nu punjul?
Tamba sono we ieu mah ka baraya Kusnet, itung-itung tai lutung...

Kirim email ke