Aeh gening sugan teh nu kasingsal ngan ukur wungkul, teu nyangka uing pisan sakulawarga teu kaaku jadi rahayat Jabar dalah geus heubeul jadi warga Jabar teh ti mimiti diporojolkeun, tapi nyakitu tea kasingsal, padahal uing geus tatan-tatan rek milih calon pupuhu anu ceuk uing mah cocog, ana prak teh teu aku, nya...jadi golput
----- Pesan Asli ---- Dari: ki_ontohod <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Senin, 14 April, 2008 15:42:03 Topik: [Urang Sunda] Ajengan ngadats :p Dina Tribun Jabar kabejakeun aya ajengan mehmehan ngamuk di TPS, gara-gara nepi ka prungna waktu nyoblos, manehna sakulawarga can nampa kartu pamilih. Mangkaning, TPS teh perenahna di kompleks sakola boga eta ajengan. Teu aneh, sabenerna mah, dalah warga Kusnet ge loba nu ngalaman: teu kadaptar salaku pamilih, atawa dulurna anu budak leutik atawa geus maot boga kartu pamilih. Jawaban ti nu boga tanggung jawab, lolobana teu riuk-riuk, teu rumasa boga salah. Dina menta hampurana ge, teu euleum2, cukup ku ngembohan "kasingsal hiji dua mah hampura bae, atuh..." kitu meureun ceuk heureuyna mah. Atawa, "Ieu oge teu weleh diropea cara ngadatana..." Beu, geus leuwih ti 60 taun merdeka, buktina can bisa ngadata rahayat sorangan. Ngadata rahayat wae teu baleg, kumaha rek bisa nguruskeunana? Tina hal ieu wae, kaciri pisan kumaha mental urang dina ngalaksanakeun kawajiban. Digawe sahayuna padu jadi, asal duit geus kacangking, soal mutu mah sigana teu ieuh jadi pikiran. Kumaha pilgub teh? Geus sabaraha persen sora nu kadata? Saha nu punjul? Tamba sono we ieu mah ka baraya Kusnet, itung-itung tai lutung... ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

