Ukur di kabupaten Sumedang tanggal 13 April kamari, asa riweuh. Riweuh kawantu 
aya dua hajatan, hajatan kahiji nyolok bupati atuh hajatan kaduana milih 
gupernur. Numutkeun jadwal samemehna, pilkada kab.Sumedang teh bakal lumangsung 
tanggal 27 April, dua minggu saentasna pilkda gupernur. Kari-kari ayeuna 
disapoe reujeungkeun, tujuana mah meureun meh teu rarat samara. Najan sarua 
nyolok, tapi pikeun jalma nu kederan mah nyolok dua kartu suara disakalikeun 
jadi riweuh. Komo bari jeung teu apal mana calon bupati mana calon gupernur 
kawantu panenjona anu geus kurang awas. Kitu deui mun ngapalkeun nomerna, 
saheuleung mun nu nek dipilih teh nomerna sarua, kumaha mun beda, meureun 
tambah keder jalma anu kederan. Nek ngapalkeun tina jargon kampanyeuna saperti 
nu mindeng disebut sebut saban kampanyeu saperti DAI, AMAN, HADE, DON-TOP, 
ESA-DOAMU, da dina kartu suara mah moal aya. Encan lamun salah ngasupkeun, 
bubuhan kotak suarana ge aya dua, kotak kahiji jang pilkada bupati nu kadua 
jang pilkada gupernur, hal ieu kudu bener-bener dijentrekeun samemeh nyolok.

Kanu can apal, DON-TOP teh pasangan incumbent Don Murdono jeung Taufik 
Gunawansyah atuh ESA-DOAMU pasangan Endang Sukandar jeung Doni Ahmad Munir. 
Hasil sementara numutkeun quick count, ceuk mang Asta bandar guik ticigerendel 
mah kuikon cenah, Don-Top 54% leuwih punjul tibatan Esa-Doamu anu ngan ukur 
46%. Padahal ditiap pilkada nu ngarana incumbent mah jarang meunang, teu 
jauh-jauh pasangan DA'I contona, najan can disahkeun oge pan keok. Pangna kitu, 
Don-Top teh meureun masih nge-Top tur masih diparercaya, padahal teu saeutik, 
loba nu haliwirkeun isu negatip, boh diwidang pangwangunan atawa isu soal 
korupsi dana DTT (dana tak tersangka). Keun urang bandungan wae, sugan wae 
sanggeus jeneng dua kali mah, jalan bepas teh leucir deui ku hotmik lain leucir 
leutak. Atuh proyek jadi gede teu diganggayong deui, kitu deui anu kungsi 
diisukeun baheula teu kabuktian.

Moal salempang sugan, da masarakat Sumedang kiwari, moal bisa dibohongan, 
sanajan geus sataun atawa dua taun kaliwat, pasti masih inget naon anu geus 
dijangjikeun mangsa kampanyeu, lain bae inget ka haleuangna para calon, waktu 
keur kampanyeu, lain bae inget ka geolna goyangan biduan ibukota, anu ngahaja 
dibayar pikeun narik perhatian masarakat, tapi jangji jangji anu geus 
diucapkeun geus dicatet dihate sanubari masing masing, anu ahir baring bakal 
ditagih lamun jalir. Tigin kana jangji taat kana amanah, ciri pamingpin anu 
saluyu jeung kahayang masarakat Sumedang. Mugia! ****SR****

Kirim email ke