Nepangkeun Teh Heni, abdi Roro. 

Noong heula na paririmbon..
Sukaraja Agency
Jl. Raya Sukaraja No. 7
Sukaraja * Sukabumi

Bapak Udin S.S.
Jl. Veteran I Gg. Persatuan II
Kp. Kuta No.. 28
Sukabumi
Telp. (0266) 7077615

Ngadongeng kedik ah*
Dinten Sabtu, Ping 12 April 08, abdi & Teh Herni Herningsih nu tebih2 ti Bogor 
ngiringan Keurseus Jurnalistik Sunda & Ngarang, gawe bareng antawis Majalah 
Mangle, Dewan Pers Nasional & UNPAD. Acara ngawitan dibuka ku Kang Ganjar 
Kurnia.

Niat mah hoyong nambihan elmu ngorong eh, ngarang dina basa Sunda. 
Alhamdulillah tiasa tepang sareng rengrengan ais pangampih majalah Mangle, 
lumayan nambihan elmu sanaos seuseurna nu dibahas teh ngeunaan pers, sanes 
masalah ngarangna.

Ti Mangle nu ngadugikeun materi teh tos sarepuh* rada paur oge, naha masalah 
basa & budaya Sunda seuseurna dicepeng kunu sarepuh? teu aya "regenerasi" kitu? 
Dititenan teh pamilonna ge seuseurna pameget, istrina kawilang sakedikan. 
Diantawis pangajar aya Abdulah Alamuddin, nu ngalalakonkeun opsir di pilem 
Ayat-ayat Cinta, ngabahas Peliputan di Daerah Konflik, atuh puguh sumanget, da 
cara ngadugikeun materina ge mani sae tur rame*

Aya nu matak kataji, hiji pamilon mahasiswa UNPAD ti Sumatra Utara kacida 
sumangetna ngiringan ieu acara, sababaraha kali ngadugikeun pertarosan bari 
jeung tag teg tog nganggo basa Sunda* (PD abiiiizzzz*) naha ari seler sejen 
bisa kitu nya?...

salam,
ro2.  




>>> [EMAIL PROTECTED] 04/16/08 11:14AM >>>

Sim kuring teh padumukan di Sukabumi, bade aya maksad langganan
majalah mangle, aya anu gaduh informasi dimana sim kuring tiasa
mendakkan mangle di Sukabumi? Hapunten abdi teh teu acan apal pisan....

Hatur nuhun....

Kirim email ke