ti milis sabelah "kampung tumaritis" *"mang.maya" <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
To: [EMAIL PROTECTED] From: mang.maya <[EMAIL PROTECTED]> Date: Thu, 10 Apr 2008 09:21:03 -0000 Subject: [kampung_tumaritis] PATALEKAN : Nu nyunda Nu Rumasa...Nu rumasa nyunda... Lamun jelma gelo teu inget di temah wadi, "boa" urang sunda jaman kiwari aya keneh kainget tur katineung ka balik geusan ngajadina (sigana mah), deui-deui boa eta oge. Atuh boa teu tarimaeun mun disebut urang sunda keur kagegeloan ku sundana, da sigana "boa" kana kaayaan (kondisi) urang sunda anu keur "linglung" kapidangdung oge...boa... moal nararimaeun sigana mah.... boa-boa eta oge.... da teuing keur marulungan naon, ting kuriling wae katukang... da duka keur naraha ...ting rariung ting gerendeng ngaromongkeun naon.... da teuing apalaeun teuing teu.... rek ka marana tarujuanna...... cenah mah, aya diantarana sabagian urang sunda eta geus apaleun ari kana pamustungan sarakan geusan ngajadi mah.......... ngan jalan poho deui timana mapayna.......... sugan atuh, eta oge boa-boa...... da lain ahlina aing mah. lain ahlina keur aing kudu nangtukeun komo "ngahukuman" yen hiji jelma geus nyunda atawa aya "kaeling" kana kasundaannana. ieu mah itung-itung curat coret ngalukis beunget sorangan, sugan enya bisa mecut diri mere kasadaran ka aing sorangan nu leuir kana kaelingan, nginget-nginget sarta mapay laratan jalan pangbalikan mun enya "sunda" kudu jadi tatapakan geusan diri meresan tugas di ieu alam dunya. geus lila aya anu nyelap dina lolongkrang lamunan, mun diri keur anteng "nyaliksik" pribadi dina hubungan rejeung kasundaan. Heueuh, mun baheula keur mimiti diciptakeun jadi manusa tuluy rek gubrag dilahirkeun ka alam dunya... mun seug enya dibere pilihan pikeun milih dilahirkeun jadi turunan/kulawarga saha... rek dilahirkeun jadi bagian suku naon ???... boa kumaha teuing pamilih aing ????.... cikan maraneh rumasa marilih teu baheula, basa rek diciptakeun kunu maha kawasa teh ????... sugan sia mah meunang ngahaja milih jadi bagian tina suku sunda ???... hahaha, teuing...aing mah teu rumasa milih kitu... jol, borojol teh anak si ema, di lingkungan anu diaku "sunda"..... kade lain meunang hayang ieu... coba bayangkeun siah, mun seug maneh dilahirkeun jadi anak katurunan aborigin, irian jaya, anu budaya sapopoena lalaki kanjutna ukur diwadahan ku koteka.... jelma awewena susuna rarayud teu diwadahan ?? .... cikan kumaha tah ???... Jadi ana kitu, ku aing sok dipikiran... berarti teu leuwih hade...teu leuwih bener...teu leuwih alus ieu suku sunda dibanding suku anu lian.... jawa, batak, minang, jeung sajabana.... atuh keur naon sih urang sok "ngaisukeun" ngamumule, ngamekarkeun, mulasara...jeung sagala ngeunaan kasundaan ???.... keur naon??.. supaya naon/kumaha???.... cikan tah...... mundut diwaler ku sadaya warga kampung tumaritis.... ---------------------------------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN +62 81283 776 62 / +62 81806170432 ---------------------------------------------------------------------------------- <http://www.hr-uwj.com> CEU Romlah & Mang Juha Cagub Jabar No 4<http://www.independen.wordpress.com> ----------------------------------------------------------------------------------- <http://inkas.wordpress.com>Konsultan Sistem Informasi Manajeman<http://www.azzoman.indonetwork.net> ------------------------------ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ> -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.smarthubtech.co.id----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com www.inkas.wordpress.com www.garut0262.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.net

