Pan si kuring mah keur ktp-less, jadi teu kadaptar nyoblos. Ki adi nu bungsu, si andiw tea, kadaptar di lembur da boga kpt lembur. Atuh isuk2 teh ngabiur ka lembur. Muru nyoblos. Kakara manehna mah nyoblos, sanajan milih gubernur lain pemilu cara baheula.
Nepi ka lembur, gura-giru ka TPS nu make tempat madrasah di tukangeun imah. Geus sepi, jam 11-teh. Tatangga geus beres nyoblos. Atuh langsung we si andiw daptar terus nyoblos. Bari difoto di hareupeun tanda TPS jeung gambar calon. Pupuhu TPS eta, adi si kuring langsung. Teu waka balik ka bdg, hayang nyaho saha nu unggul. Sore2 si panitia TPS balik, bari ngabejaan, Hade cenah meunang. Tapi sacara kabupaten mah cenah Aman nu meunang di Ciamis teh. Dede Yusuf teh cenah turunan inohong Jatinegara, ngaran desa di Kawali Ciamis, aya bejana di Tribun Jabar poe ieu.

