Wilujeng MJ, 
Bati novel meureun nya....hehe...
Ngan--lain rek mapatahan ngojay ka meri--sing tarapti. Ieu pangalaman,
sok sanajan geus diitung jeung nu nyieuna, angger bae tekor ampir
40%... teuing ti mana bolongna. 

Sok wilujeung lah. Siang enggal beres. 

Tantan

--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  
> 
> Ka baraya sadayana, si kuring neda pidu'ana, keur kuriak yeuh. Ah,
lain imah
> si kuring, imah anak jeung indung budak. Si kuring mah meureun ngan ukur
> mihape sare.
> 
>  
> 
> Senen kamari dimimitian, ngagali pondasi. Ari kavlingna di komplek
> grahapuspa, cihideung, kuloneun lembang. Dingaranan Tangkuban
Parahu. Sabab
> posisina aya di tengah ti tilu kapling gigireun,  nu dahuan (lanceuk
induk
> budak). Ngadep ka kaler, nya ka gunung tangkuban parahu.  Di kaler
eta aya
> tilu gunung ngajajar. Di kulon, burangrang, di tengah
tangkubanparahu, di
> wetan bukittunggul.  Nya gunung legenda sangkuriang tea. Gambarna aya di
> mangjamal.multiply.com.
> 
>  
> 
> imah Sunda lain modelna? Ari imah teh nurutkeun model atawa gayana
mah, nya
> aya nu tradisional aya nu modern. Ari kahayang mah murah. Keun we
hade teu
> hade oge asal aman. Ongkoh hade mah apan meureun mun jadi panglobana nu
> milih teh baris jadi gupernur jeung wagub. Nu ieu imah sunda modern we.
> Alesanana, nya nu ngeusina urang sunda, imah oge kaci disebut imah sunda
> (modelna tapi nu modern). Hehe. Make injuk awi jsb na mah, imah
tradisional
> atawa vernakular. Model kitu kaayeunakeun, ciri rumah makan sunda. Haha.
> 
>  
> 
> Leutik tapi sugan we camperenik. Gambarna aya di mangjamal.multiply.com.
> desain minimalis.  Minimalis salian ti modeu, oge danana. Asa cap tekor
> yeuh. Tapi nu penting mah mudah2an pinuh berkah ti pangeran pikeun
> pangeusina. Sing  bisa ngiuhan jeung ngimahan pangeusi hate: budak dua,
> jeung indungna.
> 
>  
> 
> Tukang basna langganan, urang Ciwidey. Poho teu ngabubur bodas bubur
> beureum, engke we ari masang batu atawa bata. Palebah suhunan, teu
> nyungcung, tapi rata da kahayang mah make dak beton. Jadi rada
bingung rek
> nunda bendera dimana nya. Biasana mah dina kai wuwung, bagean puncak
> konstruksi suhunan kenteng.
> 
>  
> 
> Danana meunang nginjeum ti bank sawareh, KPR tea. 20tauneun. Jadi lunas,
> insya Alloh, keur kuring umur 60 taun. Heuheu. Mudah2an we dipanjangkeun
> umur. Tapi da cenah diasuransikeun, mun si kuring paeh can umur 60,
KPR eta
> dianggap lunas. Tapi mudah2an we ulah waka paeh.
>


Kirim email ke