---------- Forwarded message ----------
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Fri, Apr 18, 2008 at 12:12 AM
Subject: Re: [kisunda] Bébér Layar
To: [EMAIL PROTECTED]


Upama nitenan eusi guguritanana, asa pasalia upama ieu kawih
 ngagambarkeun miangna sang Prabu di pelabuhan Cirebon, laut kaler.
 Coba we titenan, apan Cidamar jeung Sindangbarang teh ayana di
 wewengkon basisir laut kidul, Cidaun, Cianjur.

 Najan kitu, guguritanana nu pasti ngeunaheun. Hehehe.

 salam,
 mh



 On Thu, Apr 17, 2008 at 8:55 PM, Aschev Schuraschev
 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 >  Ieu salah sahiji tembang Sunda anu nepikeun potongan sajarah Prabu
Wangi mangsa anjeunna ngantunkeun palabuhan Cirebon pikeun nuju ka
Majapait.
 >
 >  Bébér Layar (Hoisting the sail)
 >  Kategori: panambih.
 >
 >  Matak waas titingalan (It will make us melancholy)
 >  Plungplong taya aling-aling (to see freely around us, without any
obstructions)
 >  Nyawang sakuriling bungking (to look at everything around us)
 >  Sagara ombak-ombakan (the ocean is rolling)
 >  Katojo ku cahya bulan (illuminated by moonlight)
 >  Ombakna umpal-umpalan (its waves are swelling)
 >  Katingal ti kaanggangan (from afar we can see)
 >  Ombak lir ngadeukeutan (the waves, that seem to be coming toward us)
 >  Kamudi keur tatan-tatan (The sailors are ready)
 >  Dék nurunkeun parahuna (to push the boat off)
 >  Bébér layar tarik jangkar (the sail is hoisted and the anchor raised)
 >  Léong daratan ditilar (it starts sailing and leaves the mainland)
 >  Matak waas matak kelar (this evokes nostalgie feelings)
 >  Ngambah lautan Cidamar (sailing along the Cidamar Ocean)
 >  Nya haté bét samar-samar (the heart becomes uncertain)
 >  Ras émut di Sindangbarang (it starts thinking of Sindangbarang)
 >  Parahuna ting suruwuk (The boat sails fast)
 >  Beuki tengah beuki jauh (further out, further off)
 >  Ngambang nganclang di sagara  (tt is sailing over the ocean)
 >  Ngerab-ngerab bandérana (its flag is waving)
 >  Hawar-hawar kakupingna (faintly can be heard)
 >  Sora degung jeung sulingna (the sound of the degung and suling)
 >  Dipirig ku hariringna (accompanied by soft singing)
 >  Ninggang pisan wirahmana (it blends most beautifully)
 >  Nya ieu pisan laguna (therefore this song)
 >  "Bébér Layar" katelahna (is called "Bébér Layar")
 >  Lengas-lengis sora suling (the sound of the suling is melancholy)
 >  Lir meupeurih nu prihatin (and makes sad people even sadder)
 >  Sora degungna ngelewung (the sound of the degung is deep)
 >  Ngalilipur nu keur bingung (and comforts those who are upset)
 >
 >  Cenah mah lalakon Prabu Wangi mangsa dugi ka palabuhan Majapait
oge aya nyaeta dina tembang Rajamantri. Ngan kuring asa can kungsi
ngadengekeun tembang Rajamantri. Kanggo para wargi, naha aya nu terang
kumaha runpaka tembang Sunda "Rajamantri"?
 >

Kirim email ke