Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Kahatur baraya KUSNET sadaya, sim kuring sakulawargi bade ngahaturkeun nuhun
ka wargi sadaya, anu parantos ngadorong du'a ka sim kuring khususna ka Pun
Bojo sareng si jabang bayi, rehna ku barokahna pidu'a ti wargi sadaya pun
bojo sareng si jalu ayeuna tos aya di bumi dina kaayaan berkah salamet.  Si
Jalu ahirna babarna di opesasi caesar oge, margina mung dugi ka bukaan opat
wungkul.  si jalu anu ka dua di namian : MUHAMMAD WALAGRI SHOLIHULHAQ IKMAL

neda pidu'a ti sadaya mugya pun anak sing janten jalmi anu sholeh, cageur,
bageur, pinter tur bener,amiin.

hatur nuhun,
baktos

ikmal sakulawargi

Kirim email ke