baraya pasti arapal ka electoral treshold (et). bates suara minimum hiji
partey bisa ngiluan deui dina pemilu nu bakal datang. nu pernah ngilu
pemilihan umum 1999 tangtu apal ka partey keadilan (pk). di pemilu harita
ieu partey teu bisa nembus et, nya keur ngakalan sangkan bisa ngiluan dina
pemilu 2004 ieu partey ganti ngaran jadi partey keadilan sejahtera (pks),
ngaran partey heubeul dirarangkenan 'sejahtera' wungkul. sanajan jero-jerona
mah angger/sarua/teu-jauh-beda jeung pk nu teu lolos tea, pks bisa ngilu
dina pemilu 2004. kusabab kpu nganggap pks partey anyar.

sejen deui jeung partey nu lian. ku lantaran aya pabentar paham dina
kapangurusan partey demokrasi indonesia (pdi), peupeus. nu kahiji ngaranna
anggeur make ngaran heubeul, nu hiji deui make ngaran anyar, pdi-perjuangan
atawa pdi-p. ukur ngaran heubeul ditambahan kecap 'perjuangan'. dua duana
bisa ngiluan pemilu, kpu nganggap pdi jeung pdi-p dua partey nu beda. sok
sanajan asalna sapartey.

tah dina hal ieu bisa ditarik kasimpulan, 'dudi herlianto' beda jeung 'dudi
junaedi' 'dudi sardudi' atawa jeung 'dudi' wungkul oge... sok sanajan
kabehanna ngandung kecap 'dudi'. beda oge jeung anak si 'dudi herlianto' nu
engkena sugan dingaranan 'dudi herlianto putra'. padahal cenah 'y' dina
kromosom eta budak asalna ti 'dudi herlianto'.... malahan lamun si 'dudi
herlianto' manggihan deui nu ngaranna 'dudi herlianto'... kuring ngajamin
eta dua beda mangkelukna. paling kuring ngageroan nu hiji 'dudi herlianto a'
nu hiji deui 'dudi herlianto b'. teu kudu nu hiji ku kuring di paksa sina
ganti ngaranna...

sugan!!... ieu mah ngawadu(Q)l we.....

-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke