"........pan CENAH cek "Qur'an"... "lamun aya nu samodel ahmadyah, nyawana ku urang meunang di paehan, hartana meunang diruksak!" ........" Tah ieu anu abdi binung teh..ti Manhja sareng Mazhab mana ieu tafsir teh ? Kumaha lamun aya anu benten tafsir sareng anu dicutat ? naha paehan wae kitu ? lamun Ahmadiyah anu deukeut ka Islam (duka islam duka sanes..pan masih seueur pamadegan)..kumaha jelema2 anu teu boga agama, Hindu, Budha, Kristen, yahudi, Kong Hu Tju, aliran kapercayaan..naha paehan deui wae..kitu ?
On 4/24/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ngalalajoan bari sakalikali ngilu dina gunem catur ngeunaan ahmadyah. > mumbul hiji pertanyaan. naha bisa kuring jadi muslim nu hade sakaligus jadi > warga nagara nu alus oge? jadi muslim nu hade tangtu kudu nurut kana panuyun > alqur'an jeung hadist. jadi warga nagara nu alus tangtu urang kudu usaha > sangkan teu ngarempak hukum-hukum nu aya di ieu nagara. kuduna mah jawaban > eta pertanyaan teh: BISA. ngan basa dilarapkeun kana kasus ahmadyah... na > rarasaan kuring mah jadi: TEU BISA!..... jigana mah pedah kuring teu bisa > nangtukeun mana nu leuwih luhur Qur'an atawa Hukum positip. pan CENAH cek > "Qur'an"... "lamun aya nu samodel ahmadyah, nyawana ku urang meunang di > paehan, hartana meunang diruksak!" padahal cek hukum nagara, ngarampas nyawa > jeung harta warga nagara sejenna tanpa ngaliwatan balewatangan teh kaasup > tindak pidana... naon wae alesanna! > > jadi kudu kumaha kuring... nu mana nu kudu dilepaskeun dina hal ieu, naha > identitas kuring salaku muslim? atawa ka-wni-an kuring wae kitu? > > -- > d-: > ~karék cénah~ > >

