sumuhun,..
sanes teu kenging debat, tapi sagala rupana oge aya tempatna...
masalah agama sareng politik, seueur pisan di yahoogroups nu lian,..
langkung ahli anggotana,.... mangga pilarian,...
usul simkuring,.. ieu forum teh tos mere mangpaat seueur kanu kasundaan,...
pami eusina pararanas, ke seueur nu haroream gabung ka ieu milis,...
lebar kang,...
diantos ah,... uih deui kanu esensi nu sajati,...
pan 2009 teh US bade tampil,... kudu siap2 atuh persatuanana,...
hatur nuhun,..
=jang roche=
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sigana
moderator kudu turun gunung.
Forum ieu lain keur sili sigeung. Angging memang jadi kitu.
Mun forum ieu ngahalalkeun silih sigeung, kuring mah rek anggeusan bae.
salam baktos
Tantan
On Thu, Apr 24, 2008 at 10:13 AM, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mun sifatna suap ka pengurus sangkan bisa
jadi calon ti partai, kuring
jelas teu satuju...
tapi mun saweran ngumpulkeun duit keur operasional kampanye nya
meureun wajar...
da meureun kampanye atawa sosialisasi pencalonan teh kudu make duit,
cing pek pikiran rek ti mana duit keur masang panggung, nyewa sound
sistem, nyetak spanduk, brosur, pamflet, iklan di radio, iklan di tipi
jsb...
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.