yeeeeh... kang Budhi mah... sakitu geus pulang-anting ka Jepang, bet nembe ayeuna naroskeun ngadamel paspor... heuheu...
Pangalaman kuring sababaraha taun ka tukang, nyieun paspor di Bandung nyeepkeun artos 300-rebuan, diuruskeun nyalira, paling lami saminggu (dua kali datang asana mah). Informasina lumayan eces, alurna dipasang dina papan di payun. Inget keneh harita, sabot nungguan antrian, resep bae nempokeun hiji awewe balawiri ka ditu ka dieu ni paciweuh. Sigana mah calo atawa ti sabangsaning travel, da bulak-balik teh ngagugusur jelema. Raos ari diuruskeun ku calo atanapi make jalur cepat mah, tapi ceuk kuring mah sacara prinsip eta teh kaasup nyogok hayang diheulakeun. Soranganana ngeunah, batur kaluli-luli... Lepat saha? Lepat petugasna atawa masarakat nu hoyong enggalna wae? 2008/4/24 Panzi: > basa abdi di batam mah ngadamel paspor teh. > nu resmi = 250rebuan asana mah.. + bonus dilamikeun (3 mingguan) > nu nembak = 800rebuan (2 dinten ge langsung jadi) >

