kajadian isuk-isuk, juragan istri nuju utuh etah di dapur bari kaprak keprek nyayagikeun sarapan kanggo juragan pameget. atuh juragan pameget, biasa, maos serat kabar di payun. rencang istri hiji deui nuju beberesih sabundereun bumi, mung harita kaleresan sasapu di ruangan payun - tempat juragan pameget nuju maos tea.
rencang istri (ri):"juragan, hoyong terang abdi mah, raos mana abdi atanapi juragan istri...?". juragan pameget (jp) rada ngarenjag, terus nyentak bari laun:"gandeng siah, bisi kadangueun juragan istri...!" ri (keukeuh):"atuh juragan, hoyong terang bae ieu mah. raos abdi atanapi juragan istri..?" jp (eleh deet - bakuna mah supaya teu kapapanjangan- da bisi kadangueun ku juragan istri):"meunggeus gandeng, ngeunah maneh!" ri:"ah juragan mah bohong, geuning saur supir mah raos keneh juragan istri..." jp:"[EMAIL PROTECTED]" [wilujeng wik en, mung emut bae: saha nu melak angin bakal panen angin baliung] salam, ysw

