> From: "heni_hf" <[EMAIL PROTECTED]> > Ayeuna mah tong manasan anu tos panas. HAyu urang husnudzon > ka pamingpin anyar. Dukung ku salerea pami aya salahna geura > ingetan.....cag ah...
Sapagodos Teh, HADE dianggkat oge acan, geus diributkeun. Rek dikumaha-kumaha oge ayeuna HADE nu meunang sacara sah ceuk hukum Indonesia. Nya ayeuna mah urang arep-arep we sugan leuwih alus tibatan nu tiheula. Atuh lamun goreng, ingetan jeung diprotes, piraku teu ngadengeeun. Goreng keneh, ah ...tungguan we 5 taun deui, engke oge aya pilkada deui. Soal ngingetan pamimpin hasil pilkada, kuring jadi inget basa kuring ka Depok poe minggu kamari ngahadiran salametan imah dulur pamajikan. Beres ngahadiran nu nyalametkeun imah jam 5 sore, pamajikan mamaksa hayang nyaho masjid Kubah Emas. Nya diturut, ngan geuning jalan di Sawangan teh macet pisan, padahal geus burit, umpama terus ka masjid Kubah Emas, balik ka Bandung jam sabaraha, meuereun tepina tengah peuting. Frustasi ku macet, ah mending teu jadi. Mobil dibelokkeun ka jalan nu nuju Ciganjur, maksud teh rek nuju ka toll Pondok Indah. Kuring acan kungsi ngaliwat ka jalan eta (Gandul Raya?), ngan wani teh pedah we mekel peta Gunther. Alah geuning jalanna rusak pisan, mobil teu bisa gancang. Pas dinu rusak pisan, aya spanduk make tulisan lamun teu salah mah unina kieu: " Nur mahmudi kemana?" Maca spanduk eta, kuring nyengir, tapi lain nyengir kulantaran Nur Mahmudi atawa PKS, tapi nyengir kumaha "endah"na hiji demokrasi, urang bisa protes, terang-terangan ....... nagih janji para pamimpin waktu maranehna kampanyeu. Jadi ayeuna mah, hayu urang tararagih lamun HADE engke mimpin, janji-janji aranjeunna waktu kampanyeu! Baktos, WALUYA

