Kacaritakeun di hiji kota di nagara dongeng, kadatangan rombongan sirkus. Salah sahiji sato sirkus nu paling dipikaaneh nyaeta Gajah, maklum urang dinya acan saurang-urang acan nempo gajah. Kadatangan gajah di kota eta, matak geunjleung, nu diobrolkeun ku balarea teh ngan gajah deui, gajah deui.
Di kota eta aya sababaraha urang anu lolong. Maranehna oge hayang nyaho kumaha ari gajah teh. Nya ngabring indit ka tempat sirkus. Nu dituju langsung ka Kandang Gajah. Tapi Gajah teh dileupaskeun we, maklum gajah sirkus geus lindeuk. Nu larolong ngariung gajah. Nu saurang panasaran hayang nyaho, gajah disampeurkeun, leungeunna susur-sasar, kep ka ana ceuli gajah. Gorowok nu lolong teh ngabejaan babaturanana: "Euy ...geuning gajah teh siga kulit" " Moal enya?", ceuk nu lolong nu aya ditukangeun gajah, manehna oge ngadeukeutan gajah titukang. Gep kana buntutna. "Ah silaing mah ngaco, gajah teh siga tali nyaho!" Nu lolong nu dihareupeun gajah, oge susur-sasar. Karampa ku manehna nu buleud panjang, tapi teu daek cicing, tulale gajah. "Ceuk saha gajah siga kulit jeung tali? siga oray nu puguh mah!", ceuk manehna yakin pisan. Nu lolong nu digigireun nu ngararampa tulale gajah, rumpu-rampa, gap karampa gading gajah, "Huh, ari nanaon teh sok gagabah, siga tanduk sapi, gajah mah, tuh mani teuas kieu!" Nu pangjangkungna leungeunna rumpu-rampa, plak kana awak gajah, karasa datar, siga tembok ngan empuk. "Ieuh ari sarilaing kumaha ieu teh, saralah kitu? Sidik gajah mah siga tembok ngan rada empuk!" Ari nu lolong kencaeun gajah mah, pendek, manehna rubuk-rabak pas kana suku gajahna pisan, kep suku gajah teh ditangkeup. "Ah kabeh ge salah, ieuh gajah teh siga tangkal, mani gede kieu!" Tungtungna nu larolong teh parasea, parea-parea omong, kabehanana ngarasa bener. Baktos, WALUYA

