Pangalaman ngagunakeun askes Kamari simkuring nganteur pun bapa ka rumah sakit. Pun bapa kaseleo sampeyan nepi ka ingkud-ingkudan.
Kawas "keledei bodo" simkuring teh, basa nyieun rujukan ti loket saur petugas," atos sakitu!", simkuring sareng pun biang langsung wae ka RS Sumedang. Di Sumedang eta rumah sakit alim nampi eta askes saurna," teu aya surat rujukan, sanes teu hawatos". Atuh belenyeng deui simkuring ka Puskesmas Tanjungsari deui, kasampak petugas suwung teu aya. Ka mana petugas ngalotek meureun?, ari pek teh bener geus rada lila petugas datang sangkilang nu ngantri geus rada loba harita jam 10.30. ceuk si euceu petugas," keula cenah karek dahar ti isuk". "Abus jam 8 karek dahar? ka mana wae atuh," ceuk simkuring dina hate. Basa kuring menerkeun eta surat si euceu ngomong bari teu kireum-kireum," sugan teh sanes kanggo askes? Ari simkuring hayang seuri ari nu nyieun surat saha tadi, kuring ngantri di loket askes deui. Perhatian kanggo saderek sadaya jigana kedah masyarakat anu kedah ngartos sanes petugas di indonesia mah. Pelayanan RSUD rada sakedik aya kamajengan, ngan kanggo petugas loket di puskesmas di daerah kedah rada atos-atos, upami tiasa mah anu rada ngora tur singer ulah kini-kini wae atuh, nu ngora tampil petugas pelayanan publik mah. Sareng usul sugan aya anggota DPR atawa Pemda eta kanggo kartu askes supados langsung wae tiasa diangge di RSUD, ulah ngangge surat rujukan ti puskesmas sagala. Jiga gampil tapi LIEUR, cobi lamun urang udur di kota caket RSUD maenya kedah ka daerah heula ngadamel surat rujukan. Tapi teuinggg achhhh lamun aya pembagian penghasilan mah antara RSUD jeung puskesmas. Jiga-na lamun surat rujukan dileungitkeun bakal loba puskesmas bangkrut da pasti loba anu langsung ka RSUD da leuwih alus pelayanana oge, tapi teuiiing deuiii ieuuuu oge

