heuheu. kusnet teh boga yayasan perceka. gawena naon we sabisa-bisa. nu geus jalan, nyieun pabukon di desa2 jeung beasiswa. nu beasiswa karek kungsi dua kali, barudak SD ciamis, 40 urang, harita ngan ukur pangmayarkeun SPPna satauneun. nu ayeuna mah mere bantuan 25 rebu saurang pikeun 20 urang barudak SD SMP yatim di desa Linggajati Cilimus Kuningan.
ieu lain kahadean si kuring. tapi baraya KUSnet nu rutin ngirim. datana unggal bulan diumumkeun di kusnet, datana di simpen di file kencleng. beasiswa oge aya datana di file http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/file/kencleng ieu soal dana timana jeung dipake naon http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/bsk, ieu data saha, dimana jeung sabaraha gedena beasiswa. gagasanana mah, nya urang mantuan dulur di pasisian. sae pisan nu langsung, boh ka dulur atawa tatangga dilembur sorangan, atawa di lembur sejen. mun teu kaburu, bisa liwat yayasan perceka. > mang jamal, atuh bejakeun obyekna teh saha bae nu di linggarjati teh? > sareng sabaraha urangeun, dimana bae sakolana, sste. > tos kitu sabaraha nomer rekeningna. > beres bae, piraku dulur urang sanesna teu kabita siga mang jamal > ngabagi-bagi rejeki? > kitu bae nun............... >

