Alhamdulillah...Cep Irpan bade ka bale nyungcung yeuh... :)
Kumargi tebih, haputen Ceuceu ti tiasa ngaluuhan.
Didu'akeun sing lungsur langsar, sing janten kulawarga sakinah mawaddah wa 
rohmah.. amiiin.

Tuh, seueur keneh nu bade ngawilujengkeun... 30 urang deui sanes? Heheh...

salam,
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 05/08/08 09:44AM >>>

sok ditambahan ku uing hiji. sing lungsurlangsar boh samemeh pas prung oge 
saeunggeusna... hiji deui doana: nepi ka peun terus nepi ngamimitian deui pada 
nu teu anggeus anggeus sing jadi kulawarga nu runtutraut sauyunan beres roes, 
pacogregan teu jadi bahan bengkah istuning jadi lem pangraket.... ngan 
heuheu... doa tukang dagang ieu mah. embung rugi!! ku kituna  uing menta  
pangdoakeun sing geura nyusul nya :))

d
pan hampura ngeunaan kujang nya. rumasa ngalurjeunkeun :(


On Thu, May 8, 2008 at 9:18 AM, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hatur nuhun ka sadayana.
khususon anu parantos ngadu'akeun, kang Toni, bah Wily, kang Yadi, apih Sidik, 
pa haji Surtiwa.
Amiiiin, amiiin, ya robbal 'alamin.

ceuk cenah, doana 40 urang jalma memiliki presentasi leuwih gede pikeun diqobul 
ku Allah.

kurang 35 jalma deui yeuh anu ngado'akeun.
punten punten kanu sanesna.
he...he..he...


(teu boga ka era nya, baraya he..he..he..)

Kirim email ke