Bejana 10 Parentah Gusti sabenerna lain keur bangsa Israel wungkul,
tapi oge keur bangsa-bangsa lainna, tapi bangsa nu lian mah nolak.
Cenah kieu caritana...Mimiti Malaikat Jibril ka Itali. Jibril:"He anjeun urang Itali nya? Hayang parentah Gusti teu?" Urang Itali:"Naon eusina?" Jibril:"Ulah maehan!" Urang Itali:"Punten bae, kami mah mafia, maehan teh pagawean kami. Teu ah...!" Tuluy Jibril teh ngapung ka Rusia Jibril:"He anjeun urang Rusia nya, hayang parentah Gusti?" Urang Rusia:"Naon eusina?" Jibril:"Sembah Pangeran maneh!" Urang Rusia:"Hampura bae, kami mah atheis. Teu percaya ayana Pangeran!" Terus deui bae ngapung ka Tiongkok. Jibril:"He maneh urang Tionghoa, hayang parntah Gusti teu?" Urang Tiongkok:"Naon eusina?" Jibril:"Ulah ngabohong!" Urang Tionghoa:"Hayya...., oweh mah pedagang, jadi kudu nipu. Teu wisa... teu wisa!" Karunya Malaikat Jibril teh meh-mehan bae frustrasi. Bari kukurilingan, jlek bae ngapungna ka Timur Tengah, pendak jeung urang Israel nu ka kocapkeun merekedeweng jeung koretna kabina-bina. Susuganan maranehna mah daekeun, kitu gerentes Malaikat Jibril. Jibril:"He maneh urang Israel, daek parentah Gusti?" Urang Israel:"Kudu mayar teu?" Jibril:"Ieu mah gratis atuh!" Urang Israel:"Sok atuh, kami menta SAPULUH!"

