wilujeng sonten..
punten bade tumaros, sim kuring tos janten anggota Kusnet..mung bade ngalihkeun 
id anu aya ayeuna ka alamat nu sanes kumaha nya??numawi id nu ayeuna di anggo 
kaleresan dianggo oge kanggo padamelan janten rada riweh upami nampi e-mail ti 
klien sareng e-mail ti kusnet..
nuhun


----- Original Message ----
From: "[email protected]" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, May 1, 2008 5:06:58 PM
Subject: [Urang Sunda] File - Ngeusi Database



Baraya!

Pan, Perceka teh hoyong ngamajukeun Ki Sunda... Iwal ti pangdua teh, butuh 
tanaga, butuh dana, butuh rojongan nyata...

Ti mana ngamimitiannana? Eusian database nu aya di homapage milis Urang Sunda. 
Kumaha carana? Gampang pisan... 

Tah, turutan lengkah-lengkah di handap ieu :

1. Buka homepage milis Urang Sunda di http://groups. yahoo.com/ group/urangsunda
Mung, supados tiasa lebet ka eta homepage, Saderek kedah gaduh heula Yahoo
ID. Nya ngadamel we. Da teu mayar ieuh.

2. Upami tos lebet ka homepage Urang Sunda, di palih kenca ngaberedel
sababaraha menu. Di antawisna, nya menu Database tea. Tah, diklik we eta
seratan Database teh. Engke, di handapeun seratan Table Name, aya seratan
Komunitas UrangSunda. 

3. Tong asa-asa...klik deui bae eta seratan Komunitas UrangSunda teh!

4. Teras klik seratan Add Record. 

5. Lebetkeun data-data nu dipundut ku eta formulir. Nami, yuswa, alamat, oge nu
sanesna. Nu jentre ambeh upami aya nanaon, urang gampil pakumaha-pakumahana .

6. Beres eta, klik save record. 

7. Maca Al Fatihah dua balikan. Insya Allah, naon nu ku urang dicita-citakeun
teh diijabah ku Pangeran.

Gampil, pan? Sok atuh geura areusian. (Langkung sae deui upami sakantenan 
ngeusian kencleng. buka web 
http://www.urang- sunda.or. id
http://yp.urang- sunda.or. id

Saha nu terang, Perceka kedah muka kantor di London atanapi di New York. 
Tangtosna ge peryogi cicis nu rada murekis, pan?).

Omat... ulah heunteu, ah! Sareng ulah kaget, ieu bewara teh bakal sumping tiap 
sasih. Ngewartosan nu teu acan terang, ngemutkeun kanu sok api-api lali...

Sakitu bae, nya. Salam baktos ka sadayana...

Ki Van Yumpiet
 


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke