> From: Sukarto S
> Bohong meureun , aya teh nomor warna beuruem seperti nu di tulis eta
> lamun bener aya oge operator heula atuh anu kena.
> lamun kitumah kabeh bulshit ...heu.....heuuu aya naon atuh iyeu teh baraya
> Salam kasadayana

Ah teu kedah heran lamun urang geus maca tulisan "Bab Adat istiadat urang 
Priangan" kenging Haji Hasan Mustapa, nu asistenna Dr Snouck Hrugonje. 
Sanajan tulisan HMM ieu nyaritakeun manusa indonesia di abad ka 19 atawa 
awal abad ka 20, tapi sigana masih relevan jeung jaman ayeuna. Hanjakal 
kuring poho deui conto-conto nu ditulis ku HMM, tapi nu jelas aya ngaharibna 
jeung kasus SMS "teluh" nu nerekab ayeuna. Baheula mah keur nolakna, sok 
make palakiah. Duka ayeuna mah.

Ngan nu jelas, sabenerna "pola pikir" urang Indonesia teh ukur "ngised" 
saeutik ti jaman baheula, jadi ampir bisa disebutkeun masih "didinya-dinya" 
keneh ..............

Baktos,
WLY




Kirim email ke