oman abdurrahman wrote:
> Baraya,
>  
> Masih emut kasus kartunis bangsa Denmark anu ngahina Nabi Muhammad saw 
> sababaraha waktu ka tukang ngaliwatan kartun-kartuna? Numutkeun warta 
> dihandap ieu, inyana tos perlaya akibat imahna kaduruk jeung 
> saeusi-eusina.






teu leres wartos eta teh, mangga roris di 
http://wahyuannisha.blogspot.com/2006/08/result-of-tabayun-check-re-check-about.html

> Mangga paluruh wae informasina dihandap ieu. Lamun bener kitu 
> kajadianana, munasabah wae sabab ajarah geus ngabuktikeun kajadian 
> sarupa kitu. Sing saha wae anu ngahina Nabi Muhammad saw baris 
> manggihan azab tug ti keur di dunya keneh, ti mimiti Musailimah Al 
> Kadzab nepi ka Salman Rushdie.





paralun bade ngabela nu ngamusuhan ka jungjunan saw, namung kedah oge 
urang negeskeun sagala hal teh dina tempatna nu leres, bilih janten 
fitnah. perkawis nu ngahina rasulullah saw, asana teh teu kapendak 
dalilna, atanapi sacara teges disebatkeun bakal keuna ku azab. urang pan 
teu terang saha saleresna nu keuna ku azab teh? teu sadaya nu puput umur 
kulantaran keuna ku azab. salman rushdie, pan masih aya keneh? 
musailimah oge tiwasna teh jaman khalifah umar r.a. diperangan 
kulantaran ngabarontak ka khalifah - diperangan lain kulantaran ngaku 
kanabianana!
aya oge dina al haqah, sing saha nu ngabohong ngaatas namakeun 
allah.....................................
dupi lia eden? pan tos liren ngakuna oge....
kitu deui musadeq? idem
dupi h mirza ghulam ahmad? tah ieu masalahna! mangga nyanggakeun ah
>  
> manAR

Kirim email ke