Pertengahan April ( tanggal 18 april asana teh), UI
katatamuan dua urang jalma. Kahiji Bang Idin, urang
Betawi, tokoh lingkungan anu ngahejokeun sisi walungan
Pasanggrahan sapanjang 35 kilometer, ku sorangan.
Ngakuna mah teu ngasaan sakolaan. Tapi ayeuna sok
diondang ka luar negri, ngomong soal penghijauan.
Anu kadua, Pa Sariban, asli urang Bandung, anu gawena
sok ngabersihan runtah, kalayan inisiatif sorangan,
estu teu aya nu nitah, sumawona ngaharep pangwelas ti
batur. Waktu kamari aya pilgub, Pa Sariban oge
nyalonkeun maneh jadi calon gupernur Jawa Barat.Naha 
make wawanianan nyalonkeun? Sabab pangrasana salaku
warganegara, ngarasa boga hak milih jeung dipilih.
Naon maksudna tulisan ieu?

Kadang-kadang urang teh sok salah nerapkeun aturan
jeung gorengsangka ka batur. Naon salahna upama artis
nyalonkeun maneh jadi pajabat, upama syarat-syaratna
kacumponan. Naha pedah profesina artis teu pantes
atawa teu boga otak jeung teu bisa ngatur nagara? Naha
aya aturan anu ngalarang? Lamun wae Pa Sariban kapilih
jadi gupernur, naha teu meunang pedah pakasabanana
tukang sasapu?
Urang teh, kadang-kadang ngaku demokrasi, tapi pikiran
jeung tindakan masih sok patojaiyah jeung
"bubudakeun".
Kumaha rek maju atuh Sunda, lamun masih siga kitu
keneh mah.
Caritana urang teh geus 100 taun menyat tina awal
kebangkitan nasional, tapi pola pikir jeung kalakuan
masih 100 taun katukang keneh.
Wah, tinggaleun ku batur atuh euy!
Tibatan rame marebutkeun pepesan kosong, mending oge
urang ngatur strategi kumaha kahareup, naon anu bisa
dipigawe babarengan keur karaharjaan rahayat, heunteu
gumantung ka saha anu keur jadi pajabat.


baktos,

mrachmatrawyani



--- mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> jaman beuki kusuts meureun
> 
> artis jadi pajabat
> 
> 
> 
> erus pajabat, malah presiden pisan, jadi artis
> penyanyi. geus rekaman
> sagala.
> 
> terus bbm rek naek
> terus gas hese bin jadi langka
> 
> perkawis dede yusuf jadiwagub jabar,
> sugan we urang jabar teu nyeri sirah, da sigana ke
> bakal aya program
> jabar bebas nyeuri hulu, da aya pasukan bodrex
> heuheu.
> 
> perkawis sby nu jadi artis penyanyi
> lagu perjuangan model ayeuna meureun, aku rindu
> padamu. heuheu
> rindu pada minyak tanah, pada gas, pada bbm murah,
> pada rahayat sejahtera
> 
> itulah indonesia
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke