Tah kitu .......
Mangkana ceuk sim kuring oge mangkukna, geura lakonan boga tilu program nu
utama teh atuh ...... Hayoh wae digemar gembor program jangka panjang ...
program jangka menengah ... lan program jangka pendek.... ari dumukna mah
geuningan anggeur wae ngeukeuweuk program jang ka imah .....!?
ganles nu keur bubuara di lembur batur .........
Dari: h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]>
sapuk....
si kuring satuju subsidi BBM di-euweuhkeun. ..
- kahiji, subsidi teh ngabobodo... jelema miskin ngarasa beunghar,
padahal mah beunghar ku subsidi
- kadua, golongan nu narima mangpaat tina subsidi BBM panggedena
nyaeta golongan menengah ka luhur (golongan elit nu sok
geugeuleuyeungan make mobil)... da golongan handap mah makena oge ngan
saeutik...
- katilu, mun subsidi BBM diteruskeun, APBN aya kamungkinan beak kabeh
dipake subsidi, moal bisa dipake investasi ka hal2 anu produktif...
atawa boa2 moal bisa ngabayar gaji PNS, da APBN kosong dipake subsidi
jelema beunghar....
ku lantaran subsidi BBM dicabut, harga2 narekel, tah di dieu kudu aya
JPS... sabenerna mah bareto geus aya, ngan teu baleg nu ngurusna...
jeung deuih nu nampana oge sarua loba nu teu balegna, abong-abong
narima duit haratis, hayoh kalahka dipake anu teu pararuguh...
ceuk uing mah, leungitkeun subsidi, benerkeun distribusi JPS jeung
edukasi rahayat sangkan JPS bisa efektif...
^_^
lain pedah pro SBY, komo JK mah...
--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
>
> Tah leres..lolobana urang kaasup mahasiswa..jeung LSM raresep janen
pahlawan
> kasiangan... Cobi tong sambarangan. .nahan subsid teh ngabahayakeun
ekonomi
> nagara...kumaha. .sok analisa ku nyalira...Anu anehna..tos aya fakta
sareng
> data anu jelas yen ngan 20% eta disubsidi dinikmatan ku golongan rakyat
> cacah kaasup anu nganggo motor...mobil butut..kandaraan umum..taxi (lain
> keur rakyat cacah da mahal)....sedengkeu n anu 80% mah dinikmatan kunu
> baleunghar anu boga mobil Kijang Innova...panther. ....sedan honda
> toyota....hyundai. ...KIA... Suzuki... Peugeot anu meuli BBM teu
disubsidi mah
> meureun..eta ge meureun ngan Mercy, Jaguar , Audi jeung mobil2 Import
> langsung.... janten para pulitisi...LSM. mahasiswa. .teh ngagunakan
isue anu
> 20% keur tujuan anu teu jelas sacara ekonomi....sacara sosial..pan
CEUNAH ku
> BLT...Tapi ulah lepat oge peranan anu 80% golongan keur ngomporan
demo kanu
> 20% tea...ri soal harga mah BBM teu naek (hartosna subsidi teu
dikirangan)
> ari harga minyak dunia nerekel mah..pasti mangaruhan Ekonomi
Indonesia anu
> RAPBN bakal defisit gila2an...tungtungn a inflasi..kulantaran pamarentah
> nginjeuman duit ..keur ngali lobang tutup lobang...nepi ka iaaha ?/
>
>
>
> On 5/13/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ ...> wrote:
> >
> > Isuk pageto moal sarua jeung poe ayeuna. BBM kalah kumaha oge naek
> > hargana da harga di dunya oge nerekel terus nu ceuk Kang Goldman
Sach na
> > sajeroning 24 bulan bisa nagog na $200 sa barrelna. Ayeuna bae nagog
> > dina $120an geus oyag-oyagan. Kuring percaya pamarentah nangtukeun
pilihan
> > (opsi) nu pang hadena najan pasti pait. Teori, praktis, simulasi
geus pasti
> > dideres ku nu ahli2na, tinggal kumaha nyanghareupanana dina
prak-prakanana.
> > Mugi urang masih kandel jujurna. Mun enya loba nu miskin atuh
laporanana
> > kudu bener ulah mipinding kulantaran gengsi. Oge ulah jadi laletoy
nu masih
> > ajeg der ngaraku miskin. Ke matak paciweuh dina alokasi subsidi (duit,
> > sandang pangan, kasehatan, atikan). Urang tingkatkeun kasadaran jeung
> > solidaritas sosial. Gogorowokan di jalan, nyarita ngabusa di
parlemen, di
> > media oge bisa, tapi ceuk kuring mah mending tempo we tatangga
jeung dulur2
> > nu deukeut mun bisa bantu bantuan. Keur mah deuih di Jabar-Banten
teh masih
> > aya kantong2 kamiskinan, action we lah ulah ujug2 jadi "mewakili"
tuluy
> > nungtut2. Lieur lah
> >
> > Rek kritis? Mangga we talungtik jeung neang solusi manajemen
paminyakan di
> > urang ti produksi nepi ka distribusi.
> > Rek praktis? Urang biasakeun hidup basajan, hemat...
> > Rek apatis? Eta mah kumaha karep
> > Rek pundung ka pamarentah? Wilujeng pundung we he...he....
> >
> > cag ah
> > JP
> >
> > Makarya Mawa Raharja
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/