Keuna pisan silokana....resep! Ari nyalonkan mah tong bor anu ayeuna..anu
tos dicap gagal oge...embung ngaku gagal...bade nyaralonkeun deui..teu
seubeuh2...Ari BBM anek nepi ka manguruhan anu sejen jeung kaluar tina
tiori..lere..sigana kolor, Cd sareng kutang seueur anu turun.......

On 5/15/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Lamun di Democrazy aya editoliar,nya di kusnet ge aya eeditoliaran nu
> disebut editolieur,bahasanna teu jauh ti perkara luar lieur, sanes bade
> ngalilieur, sugan wae jadi tamba lieur, sanes jadi tambah lieur. Prung!
> *Naek*
> Budak sakola naek kelas,kacida atohna,indung bapana oge milu atoh malah sok
> aya nu mere hadiah sagala. Pagawe naek gajih kacida bungahna, teu saeutik
> sok aya nu langsung neraktir babaturanana. Pajabat naek pangkat memang eta
> nu dianti anti, isukna langsung sukuran bari jeung numpeng tujuh congcotan.
> Naek kelas, naek gajih jeung naek pangkat memang ngeunah kana ceulina. Tapi
> kumaha mun naek harga? Balukarna, nu boga kumis baplang, kumisna langsung
> ngeplek lantaran saban mere uang balanja sok digereneng ku pamajikanana
> "Uang balanja sakieu mahi kanaon?"
>
> Urusan nuak naek memang matak lieur, kitu deui nu karandapan ku mang Kemod
> urang Cidongdot, gara gara turun naek panon mang Kemod saban usik
> keukeureuceuman kapeureupeunan, kawantu pakasaban mang Kemod sapopoena
> tukang ngaragaji kai bagian nu dihandap. Beda deui jeung ceu Romlah, da
> cenah mun geus turun naek teh kacida pelemna, keun urusan naek versi ceu
> Romlah mah teu kudu dibahas didieu, urang  pasrahkeun we ka ahlina nyaeta
> Naek L. Tobing.
>
> Aya harewos bojong BBM nek naek, pikeun pamarentah meureun sarua
> lieurna,teu dinaekeun lieur lantaran nek timana nombokan apbn, ditaekeun oge
> lieur, tukang demo samemehna geus pamanasan, para provokator bakal meunang
> obyekan deui, rivals keur pamilihan taun 2009 geus boga bahan kampanyeu
> pikeun "ngekenyek" incumbent, kitu deui para penimbun minyak geus tatan
> tatan, malahan kiwari geus kabuktian didaerah pantura ceuk beja premium geus
> langka. Ahirna persiden jadi mandeg mayong, naek entong, entong naek, lamun
> BBM naek popularitas persiden bakal turun, tapi lamun harga turun sabalikna
> popularitasna bakal naek, kumaha mun tetep nya tetep oge meureun
> popularitasna. BBM turun? asa pamohalan, da ceuk Iwan Fals oge dina lirik
> laguna  mun aya nu bisa nurunkeun harga bakal diangkat jadi manusa satengah
> dewa. BBM naek memang matak riweuh sarerea, eta meureun lantaran ampir tiap
> jalma marake, beda deui lamun harga kolor naek nepika 120 dollar/kodi, asana
> moal matak riweuh kawas BBM, padahal sarua loba nu make, ngan meureun mun
> teu kabedag meuli kolor lantaran hargana salangit, paling diditu didieu loba
> nu ulad alid teu marake kolor.
>
> Ngurus nagara teu sagampang ngocoblak waktu keur kampanyeu, perlu taktik
> strategi sarta dukungan. Anehna najan katingalina jadi persiden teh lieur,
> tapi geuning loba nu hayang nyalon, kitu deui nu jadi persiden ayeuna cenah
> nek nyalonkeun deui. Ka saha wae geura prak nyaralon, da aya nu ngatur
> nyaeta undang undang, ngan wayahna mun hayang dipilih ku rakyat, kudu jadi
> manusa satengah dewa. Aya nu bisa teu nya?
>
> sr
>
> 
>

Kirim email ke