Pami teu lepat mah lengkah kahiji saprak reformasi Filiphina teh neng Cory Aquino mereskeun TKWna da harita nu ngetop bangsa nu jadi pembantu jeung PSK teh Filiphino. Teras we diurus da TKW teh penghasil devisa janten we leres2 diurus jadi mun aya kasus TKW pamarentah ti puseur nepi ka konsulat/kedubes ancrub, pro aktif. Ayeuna cap TKW teh jadi Indonesia. Ceuk urang kulon mah Quo Vadis? TKW teu diurus, teu aya perlawanan mun aya kasus nya akibatna dianggap urang teh bangsa nu hipu, murah. Mun teu lepat mah salah sahiji nu digosipkeun hayang jadi capres, tokoh agama baheulana nyekel perTKWan. Duka aya henteuna kontribusina. JP Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, May 22, 2008 10:50:55 PM Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Kalakuan anu "beunghar" > From: h_supriadi > satuju, teu sakabeh urang arab teh bener, oge teu sakabeh urang arab > teh teu bener (urang indonesia, urang batak, urang padang, urang jawa, > urang sunda oge kitu, pokona tong streotip)... Tah bener Kang Hasan. Lain masalah Arab komo Islam mah. Ieu mah masalah aya urang Indonesia anu miskin digawe diditu disiksa ku dununganana, tapi nu dihukumna TKWna. Naon sababna kuring sering ngasupkeun postingan perkara TKW? Sabab perkara ieu, kurang meunang perhatian boh ti pamarentah atawa ti masyarakat. Masyarkat urang kacirina "masa bodoh" atawa teu paduli. Ieu beda jeung urang Philipina, nu demo gede-gedean, pedah aya TKW Philipina rek dihukum pati. Kapok nagara-nagara nu narima TKW pedah didemo? Ah henteu, tepi ka ayeuna oge Philipina tetep ngirim TKW. Jadi ulah sieun "dimusuhan" ku nagara2 nu narima TKW, da maranehna ge perlueun tanaga ti urang. Tapi tunjukkeun ka nagara-nagara nu narima TKW, yen urang Indonesia teh teu suka, dulurna dianggap "budak belian"! Kuring mah muji ka mahasiswa di Cianjur ti organisasi Islam (HMI?), nu ngademo kantor DPRD jeung Bupati CIanjur, pedah aya urang CIanjur dihukum pati di Arab Saudi. Tah kitu kuduna, tunjukkeun kateuresepan urang. Perkara Hukum di Arab, cik aya nu terang? Kuring kungsi maca cenah di Arab mah, lamun ngaku diperkosa teh kudu aya saksi dua urang lamun henteu dianggap laporan bohong, sanajan make visum dokter. Tanggtu we hese ari lain pamohalan mah, da nu merkosa mah biasana ge rerencepan, moal daekeun dilalajoanan batur. Tah didieu korban perkosaan jadi tibalik dihukum, sabab dianggap nyieun laporan bohong! Baktos, WALUYA

