hahahaha...
mana kitu oge boa meureun enya Bah Willy...
meureun jeung meureun urang Arab mah lamun keur merkosa teh sok resep
di lalajoanan, hehehe punten ketang heureuy, da pastina ge teu kitu...
ma enya aya nu merkosa hayang dilalajoanan...

ngan eta naha jadi syarat keur ka pangadilan nya ?!
berarti mun kitu mah ngan nu "tertangkap basah merkosa" wungkul nu
bisa ka pangadilan... 

naha teu cukup ku ayana visum dokter nu ngabuktikeun ayana "kekerasan
seksual" ?! komo mun seug bari jeung aya bukti "kekerasan fisik" mah...



^_^



--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: h_supriadi
> > satuju, teu sakabeh urang arab teh bener, oge teu sakabeh urang arab
> > teh teu bener (urang indonesia, urang batak, urang padang, urang jawa,
> > urang sunda oge kitu, pokona tong streotip)...
> 
> Tah bener Kang Hasan. Lain masalah Arab komo Islam mah. Ieu mah
masalah aya 
> urang Indonesia anu miskin digawe diditu disiksa ku dununganana,
tapi nu 
> dihukumna TKWna. Naon sababna kuring sering ngasupkeun postingan
perkara 
> TKW? Sabab perkara ieu, kurang meunang perhatian boh ti pamarentah
atawa ti 
> masyarakat. Masyarkat urang kacirina "masa bodoh"  atawa teu paduli.
Ieu 
> beda jeung urang Philipina, nu demo gede-gedean, pedah aya TKW
Philipina rek 
> dihukum pati. Kapok nagara-nagara nu narima TKW pedah didemo? Ah
henteu, 
> tepi ka ayeuna oge Philipina tetep ngirim TKW. Jadi ulah sieun
"dimusuhan" 
> ku nagara2 nu narima TKW, da maranehna ge perlueun tanaga ti urang.
Tapi 
> tunjukkeun ka nagara-nagara nu narima TKW, yen urang Indonesia teh
teu suka, 
> dulurna dianggap "budak belian"!
> 
> Kuring mah muji ka mahasiswa di Cianjur ti organisasi Islam (HMI?), nu 
> ngademo kantor DPRD jeung Bupati CIanjur, pedah aya urang CIanjur
dihukum 
> pati di Arab Saudi. Tah kitu kuduna,  tunjukkeun kateuresepan urang.
> 
> Perkara Hukum di Arab, cik aya nu terang? Kuring kungsi maca cenah
di Arab 
> mah, lamun ngaku diperkosa teh kudu aya saksi dua urang lamun henteu 
> dianggap laporan bohong, sanajan make visum dokter. Tanggtu we hese
ari lain 
> pamohalan mah, da nu merkosa mah biasana ge rerencepan, moal daekeun 
> dilalajoanan batur. Tah didieu korban perkosaan jadi tibalik
dihukum, sabab 
> dianggap nyieun laporan bohong!
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke