Nuhun kang roni. Nu matak masalah tkw teh kudu terus dicaritakeun jeung 
digorowokeun. Pangpangna mah supaya jadi perhatian keur masyarakat jeung 
pamarentah urang siga di pilipina. Da ari ngarobah sikep urang arab saudi mah 
pamohalan 

 Waluya

---- Pesan asli ---- 
Dari: Suarsa, Roni <[EMAIL PROTECTED]>

Perihal: RE: [Urang Sunda] Kalakuan anu beunghar 

Kaitanna jeung urusan TKW, tah didieu aya point anu saeutikna kudu di
talungtik. Bener, ceuk komentar teu sakabeh arab goreng patut oge teu
sakabeh arab alus, eta oge luyu diterapkeun ka sakumna jalma di dunya
ieu.

Ngan lamun ngomongkeun perkara naha asa loba pisan kajadian katugenah di
Saudi? Ari ceuk kuringmah jawabanna nya relatip pisan, mun nyalahkeun
proses hukum di Saudi, mangga bae da kuring ge satuju pisan kana
kateuadilan mah, kudu di berantas tuntas. Tapi oge urang ulah mengpeun
sabeulah. Da ceunah ari sagala lakulampah mah di itungna ku perkara
sabab jeung akibat. Moal aya haseup mun eweuh seneu.

Di hiji pihak, remen kabejakeun TKW di rogahala, tapi lamun urang
nalungtik deui jeroanana perkara ieu disarupakeun jeung nete taraje
nincak hambalan, sok remen oge kasus ieu antukna  malindes ka diri
sorangan!!

 

Ayeuna anu kasebut TKW teh lolobana ti maranehna anu didasaran ku
pendidikan rendah, malahan mah aya oge anu teu nyabak sakola-sakola
acan, bujeng-bujeng bisa ngitung dalah maca oge apan ngabigeug, dina
passport ngan cukup ku ningali bengeut manehna dina foto geus bungangang
kacida, apan ieu teh kaasup 'disaster' ceuk kuring mah, sabatae atuh
bujeng bujeng batur, dalah urang ge apanan kadang song nguntab amarah
mun sagala kahayang urang teu nyambung, katambah deuih badega teh ngadon
ngadatangan jalma anu boga pasipatan keras, palebah dieu mah teu kudu
dibejerbeaskeun deui. Apan ka budak sorangan oge geus ganggas, komo ka
badega mereun....

 

Atuh mun kieu saha nu salah? Ceuk kuring mah bisa wae kabehanana, nya si
Arab na, nya si badegana, anu utamana ceuk kuringmah tah si agen anu
nyalurkeun jalma anu teu berpendidikan, jalma atah. Anu aya dina prinsip
gawe maranehna (si agen) nya eweuh deui iwal ti money oriented tea, teu
paduli jalma cacah guricakan, jalma teu nyakola, nu penting kanggo
marantenna mah artos.

-----
 Dikirim menggunakan telepon selular Sony Ericsson

Kirim email ke