Alhamdullilah,

BBM di Indonesia tos naek, anu paling mirah 6000 rupiah saliter, penghasilan 
buruh Upah Minumum rata rata 800 ribu rupuah.

Di USA bervariasi, tiap perusahaan minyak dan tiap negara bagian berbeda, sabab 
harga minyak ditentukan ku pasar.Harga gasolin terbaik ayeuna sagalon 3.3 US 
dollar atanapi 32000 rupiah jadi saliterna 7000- 8000 rupiah, penghasilan buruh 
terendah upah minimum sabulan rata-rata US $ 2000 atanapi 18 juta rupiah 
(ngababu di USA diburuhan sakitu tah). jadi USA katingalina langkung makmur dan 
adil tibatan Indonesia. 

Ku naon di USA minyak bisa murah, sabab ladang (tambang) minyakna dimana-mana, 
di Inonesia oge ladang minyak teh nepi ka tahun 2040 geus milik USA, sabab dina 
kontrak tambang memang kitu, Indonesiamah ngan ketempatan wungkul.

Keun we lah harga bensin di Indonesia naik, sugan we aya manfaatna, minimal 
nambahan cobaan ka rakyat keur nguatkeun mental keur persiapan revolusi. nya 
tinggal nungguan der-na we, kitu ge mun aya jalma anu bisa menggerakeunana, mun 
heunteumah  nya wayahna we kudu nek sangsara sa umur-umur.

Tapi, kabeh kajadian aya manfaatna, harga minyak naik oge pasti aya manfaana.

Aya nu terang mangfaatna ?

Minimal sakeudeung deui upah buruh naik, gajih pegawai negri naik ....ieu mah 
rumus standar sanes ?

Manga nyanggakeun. 

wass
ws

Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             nguningakeun 
yen dinten ieu - 24 Mei 2008 - harga minyak bensin ( super 95) tos 
ngalangkungan  sa euro lima puluh sen ( €.1.52 ) saliterna di La Seyne - Prancis

kumaha dinagri sejen ?!

Tata

        

---------------------------------
   Dapatkan situs lowongan kerja  - Yahoo! Indonesia Search.
     
                                       

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke