Hmmmmm jadi urang Filiphina geus "bisa", ngala pangajaran tina pangalaman. Nampi harewos saurna arab nu di UEA, Abu Dhabi mah teu saheuras nu di Saudi. Duka pedah langkung terbuka kitu dina raraga ngawujudkeun "Hongkong of the Mid East". Salam tirta ----- Original Message ---- From: "Suarsa, Roni" <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, May 24, 2008 3:16:01 AM Subject: RE: [Urang Sunda] Kalakuan anu "beunghar"
Punten meni asa kataji yeuh.... Keun weh mempeung si kuring nuju ngumbara didieu, sanajan ka itung kurung batokeun susuganan weh..susuganan J Data-data jeung komentar ti bah Willy oge sadayana, kuring nga ‘amin’-keun pisan, da atuh kacida bener jeung akuratna. Ku kuring urang tata’an perkara pasifatan jalma urang Arab (Saudi), keun weh nya masing teu lengkep oge da emang rumasa rada kurung batokeun tea. Ari urang arab (Saudi hususna) kawentar jelemana pok torolong taya engab-engab boga wiwaha dina nganteur budaya, atuh patojaiyah mun dibandingkeun jeung budaya katimuran siga di urang mah. Dina palebah ngobrol, saliwatan siga nu keur pasea najan urang jauh bisa kadenge, ngan hanjakal teu kaharti heuheu… Perkara eta tina pangaruh embe atawa onta, ah kuring mah teu pati eces…kunaon maranehna siga kitu. Tapi anu jelasmah ceuk kuring, ieu pasipatan kaasup siloka “uyah moal tees ka luhur”-ceunah, mereun mana kitu oge karuhunna kararitu. Kuring remen nyaksian, bujeng-bujeng ka badega, dalah ka anak sorangan pama murugul bandel da teu asa-asa indung bapana teh maen gebot, jeung anu matak ngarenghap jero hate kuring pama nyaksian anu nyiksa anak-anakna palebah sirah, ceuli, tepika budak leutik teh ngabangkieung ditungtunan ku koceakna jeritan eta barudak, pamohalan atuh keur kuringmah ngan bisa colohok ningali “budaya” siga kieu teh, heeuh ku kuring dianggap we budaya da asa mindeng pisan ningali pamandangan siga kieu teh (ceuk hate, ari hayang ningali awewe arab, ari prak ngadon ningali nu kieu heuheu, apanan awewe arab mah di tutupan bengeutna..) Kaitanna jeung urusan TKW, tah didieu aya point anu saeutikna kudu di talungtik. Bener, ceuk komentar teu sakabeh arab goreng patut oge teu sakabeh arab alus, eta oge luyu diterapkeun ka sakumna jalma di dunya ieu. Ngan lamun ngomongkeun perkara naha asa loba pisan kajadian katugenah di Saudi? Ari ceuk kuringmah jawabanna nya relatip pisan, mun nyalahkeun proses hukum di Saudi, mangga bae da kuring ge satuju pisan kana kateuadilan mah, kudu di berantas tuntas. Tapi oge urang ulah mengpeun sabeulah. Da ceunah ari sagala lakulampah mah di itungna ku perkara sabab jeung akibat. Moal aya haseup mun eweuh seneu. Di hiji pihak, remen kabejakeun TKW di rogahala, tapi lamun urang nalungtik deui jeroanana perkara ieu disarupakeun jeung nete taraje nincak hambalan, sok remen oge kasus ieu antukna malindes ka diri sorangan!! Ayeuna anu kasebut TKW teh lolobana ti maranehna anu didasaran ku pendidikan rendah, malahan mah aya oge anu teu nyabak sakola-sakola acan, bujeng-bujeng bisa ngitung dalah maca oge apan ngabigeug, dina passport ngan cukup ku ningali bengeut manehna dina foto geus bungangang kacida, apan ieu teh kaasup ‘disaster’ ceuk kuring mah, sabatae atuh bujeng bujeng batur, dalah urang ge apanan kadang song nguntab amarah mun sagala kahayang urang teu nyambung, katambah deuih badega teh ngadon ngadatangan jalma anu boga pasipatan keras, palebah dieu mah teu kudu dibejerbeaskeun deui. Apan ka budak sorangan oge geus ganggas, komo ka badega mereun…. Atuh mun kieu saha nu salah? Ceuk kuring mah bisa wae kabehanana, nya si Arab na, nya si badegana, anu utamana ceuk kuringmah tah si agen anu nyalurkeun jalma anu teu berpendidikan, jalma atah. Anu aya dina prinsip gawe maranehna (si agen) nya eweuh deui iwal ti money oriented tea, teu paduli jalma cacah guricakan, jalma teu nyakola, nu penting kanggo marantenna mah artos. Ari ceuk pangakuan maranehna (para TKW) asa leuwih ngeunah gawe di luar arab, cik urang tanyaan kumaha proses penyaluran maranehna, sugan di milis ieu aya nu bisa nerangkeun, da ceuk anggapan kuring mah (ieu ceuk anggapan, can tangtu bener) ari TKW anu ka luar arab mah asa rada ‘intens’ mereun di didikna samemeh di iangkeun ka nagara tujuan, pangpangna era mereun ari ka nagara luar arab mah, atawa ari ka luar arab mah agenna geus gede jeung resmi. Wallahu a’lam palebah dieu mah… Pernah kuring seuri ngadenge hiji TKI (supir) anu nyarita kieu, “urang Indonesia mah sanajan ngan ukur apal alfathihah pasti asup surga euy, urang dieu mah (arab) sanajan apal alqur’an sakabehna oge can tangtu asup surga”, heuheuheu… Jero hate kuring, ieu budak teh mereun kacida ambekna ka dununganna, dumeh unggal poe di carekan wae J… Kumaha atuh lamun dibandingkeun jeung TK Philippine misalna? Balik deui kana urusan –kepengurusan &penyaluran- tea, kuring bener-bener kataji ku maranehna, heeuh eta oge boga payung hukum ti nagarana, tapi sacara individu oge da urang maranehna mah estu memuaskan, tidak meragukan, bener-bener jadi pegawai anu terdidik, jadi perawat terdidik, jadi guru terdidik oge jadi badega terdidik, kukituna asa alanglangka aya kasus siga anu nimpa urang Indonesia Ku ayana terididik eta apan bisa ngabela diri…alewoh mun can nyaho, teu eraan… nu kieu yeuh anu kesebut jelema handal teh. Buktina, ayeuna kuring jeung batur salembur ngumbara didieu, apanan tibatan maranehna nyiksa kuring ngadon kuring anu mepeg hulu maranehna, asa ku puas hate mun geus ngajejeleh maranehna. Di lemburmah biasa nepak mastaka domba, ari didieu mah apan tiasa nepak hulu jalma heuheu… didieu yeuh letakna nungkulan cara (treatment) teh…. Ngan punten yeuh, rada mengkol sakedik…. Hiji-hijina anu kuring rada ngagulkeun urang arab, nyaeta perkara ibadahna. Keun weh aya nu ngomong ari ibadah mah kudu saluyu jeung kalakuan, etamah balik deui weh ka luhur. Ngan ieumah dina perkara ngalaksanakeun kawajiban, maranehna estu satuhu pisan, masjid tara lowong siga di urang, tiap dur adzan murudul kalaluar ti imah sewang-sewangan, asa ku endah kacida, toko tarutup salama shalat sanajan eta toko di eusian ku pagawe non Islam. Ari di urang, jelema lolobana “balener”, ngan saeutik hanjakalna, dimana cunduk waktu shalat, jongjon anu nyupiran angkot, jongjon anu balanja di mall, jongjon anu nyanghareupan internet atawa di kantor, ceuk basa, Allah mah Maha Hampura ke sakedeung deui shalat mah, ceunah…. Nya teu kabeh atuh J…. Ari harepan kuringmah, hayu atuh urang adumaniskeun antara kahadean katimuran urang jeung perkara ibadahna, endah kacida mereun gegeden anu dijas jeung di dasi baris sa shaf jeung office boy, tukang macul jrrd babarengan ngucap asma Allah Ta’ala dina gerakan anu sarwa khusyu’, mudah mudahan juragan….amin… From:[EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On Behalf Of Waluya Sent: Thursday, May 22, 2008 10:54 AM To: Baraya_Sunda@ yahoogroups. com; [EMAIL PROTECTED] ups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Kalakuan anu "beunghar" > From: H Surtiwa > Bener..bener prihatin...tah anu sok ngagum2 urang Arab teh ....kumaha > komentarna kana nu kieu...hoyong terang.....Sigana > ari jelema syarap mah aya dimamana nya ? Kumaha kaum fundamentalis Islam > anu aya di Indo rek naggapan anu kieu.? > Ah..meueun eta urang Arab teh keur hilaf....... Bah, tadi peuting kuring nempo acara Telisik di ANTV nu nyaritakeun TKW nu asalna ti Indramayu. Pas ngawawancara TKW nu kungsi di Arab Saudi jeung di Taiwan, si mantan TKW teh nyebutkeun leuwih ngeunah digawe di Taiwan tinimbang di Arab Saudi mah. "Harrrr ....????? Naha teu tibalik?", gerentes hate kuring teh. Baktos, WALUYA __________ NOD32 3123 (20080522) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset. com ________________________________ This e-mail (including any file attachment) contains confidential information and/or may also be legally privileged. It is intended solely for the use of the named addressees and any unauthorized dissemination or use by any other person or entity is strictly prohibited. If you are not the intended recipient you should not transmit, copy, print, disclose or otherwise make use of and/or place any reliance on this e-mail and its contents. If you have received this e-mail in error, you should immediately notify the sender by return e-mail and delete all copies from your system. The views, opinion or advice as may be contained herein are those of the sending individual and do not necessary represent that of SABIC or bind SABIC. E-mails can be corrupted, altered or falsified and SABIC shall not be liable for any alteration or falsification on this e-mail.

