mangga ah geura malairan.. pan waktos mingkin nyerelek, rarancang HBH can katingali belegedegna.. panata calagra ngantos saran ti sakumna baraya KUSnet.. kanggo para sepuh sapertos Ua Sas, bah Willy, MJ, bah Surtiwa sareng nu sanesna diantos pisan sumbang saranna kanggo suksesna acara HBH KUSnet 2008..
baktos bdn. --- In [email protected], Dikdik <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalaamualaikum wr.wb. Wilujeng enjing baraya sadayana Sim kuring bade tumaros ngeunaan HBH kinten2, aya nu ngagaduhan ide kanggo acara boh tempat HBH taun 2008? samentawis ieu mah, nembe aya ideu yen HBH teh bade diayakeun di KBS (Kampung Budaya Sindangbarang) Bogor. salian ti eta, kamari teh parantos diobrolkeun oge, yen pami bade di KBS, ancer2 tanggal pelaksanaana teh ping 19 Oktober 2008 dinten Ahad kinten2 ti baraya sadayana aya usulan atanapi alternatif nu sanesna, supados pelaksanaan HBH teh tiasa dirarancang ti anggalna keneh. diantos pisan usulan2na supaya pelaksanaana engke tiasa lungsur langsar. hatur nuhun kana perhatosanana wassalaam -- Dikdik >>dicksvf.multiply.com<< --- End forwarded message ---

