> From: H Surtiwa
> Subject: [Urang Sunda] UGM Anggap Proyek Joko Suprapto Penipuan

Pan ceuk Kang Rahman oge urang Indonesia mah resep kana Tahayul ...hehehehe 
ngan ayeuna mah tahayul modern, dibungkus siga elmu pangaweruh, ceuk istilah 
kerenna mah Pseudoscience. Sabenerna mah nu kararieu teh, lain di Indonesia 
wae, cenah di nagara maju oge aya. Ngan masalahna di urang mah jadi urusan / 
issue gede sabab bangsa urang mah lolobana acan bisa ngabedakeun mana ELMU 
PANGAWERUH jeung mana NU GAIB-GAIB (Mistik jeung kayakinan).

Baheula, basa kuring digawe di lembaga panalungtikan, aya nu ngirim Kendi 
Ajaib. Nu ngirimna lain jelema jore-jore, salah sahiji gegeden di nagara 
urang. Pesenna coba talungtik ieu kendi, sabab geus kabuktian lamun diruang 
dina taneuh, taneuh ngadadak jadi subur. Cenah geus dicobaan di Wonogiri. 
Boss kuring, jalma logis jeung sekuler, teu bisa nolak da dititah atasan, 
ngan ceuk manehna ieu kendi kudu DIPEKPREK heula, urang pariksa aya unsur 
naon, nu nyababkeun nyuburkeun taneuh. Puguh atuh nu nganteurkeunna, 
reuwaseun ari kudu dipekprek mah sabab ieu kendi ajaib teu sembarangan jalma 
bisa nyieun. Bos kuring keukeuh, kudu dipekprek, perkara kendi peupeus mah, 
gampang ari geus kapanggih unsur-unsurna mah, urang nyieun deui we sing loba 
..... Tapi nu nganteurkeun oge keukeuh ulah dipekprek. Tungtungna boss teh 
nyarita: "Candak deui we kadituh ka Jakarta, kuring mimpin Lembaga Sains, 
teu nguruskeun perkara  mistik ...."

Kendi akhirna dibawa balik deui ka jakarta  .....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke