Kang Tirta, cek cenah model bodo-pinter cara urang barat nu resep nyieun
kategori atawa klasifikasi. Cenah deui ieu mah, di cina mah teu aya istilah
bodo jeung pinter, komo test2 sagala. Sabab pangabisa jelema teu masagi,
teu unggal jelema malah nu pinter oge, bisa sagala elmu pangaweruh. Tapi
unggal manusa, baroga kamaheran atawa kapinteran sewang-sewangan. Cara hiji
doktor atawa profesor, tangtu ngan pinter dina widangna wungkul. Einstein
pinter teori fisika, tapi can tangtu bisa nyieun sorabi. Hihi.
Si kuring meureun ngan ukur ngarti soal korsi, teu ngarti hal sejen. Heuheu
Jadi pikeun barudak nu (sebut we gampangna) bodo widang akademik, teu kudu
maksa sakola, sabab sakola lain hiji2na cara pikeun ngamajukeun potensi
diri.
Ieu oge seleksi alam, tapi meureun lain diskriminasi ngan masalah
kompetensi.
----------
Bah pami terus terang mah da moal aya nu panuju kana paham evolusi kang
Darwin teh, komo mun langsung lumpatna kana agama, peun titik. Tapi
kembangan tina survival for the fittest dina alam ayeuna asana mah moal
tiasa dibantah. Duka ieu conto lebet seleksi alam atanapi henteu nya:
1. Tina gladiator terus ka tinju, ayeuna model thai boxing tea nya ngagebug
nya tatajong, nu ngajongkeng disered nu meunang dikeprokan.
2. Moge
3. Aki-aki, kolot jadi kuli angkut barang di tanah abang, ari pamuda mah
cekap modal tato jeung beungeut kereng maksa parkir gelap 5.000 rp per mobil
4. Beasiswa keur nu pinter, nu bodo mah keun we antep
jste.
Jadi silih asah, silih asuh, silih asih diseleksi alam oge kitu??