Parantos dibuktoskeun yen jalan teh nanjak? teu acan penginten nya? sakapeung 
nanjak atanapi mudunna jalan teu tiasa mung ukur ngandelkeun perasaan wungkul, 
komo di lebet mobil mah, komo mung ukur janten penumpang mah. Cobi buktoskeun 
ku theodolit! Mun urang jalan nganggo mobil di pegunungan, heg jalan teh mudun 
seutik (saeutik pisan sebut we 1 derajat) di hareup euweuh pasir nu lewih luhur 
deui, nu katingali ngan langit, inget si horizon bisa sahandapeun urang da 
memang urang keur aya di gunung, dina kaayaan kieu rarasaan penumpang mah asa 
nanjak margi nukatingali dihareupeun diujung jalan nya langit, sedengkeun 
gigireun ketempo tina jandela horizon aya dihandap. Janten ngabuktoskeun nanjak 
atanapi mudun teu tiasa ku perasaan wungkul.
  Sebenerna sarerea nu nyupir ge geus apal, mun jalan mudun saeutik pisan tapi 
jauh pisan upamana 5 km, karasa pisan ngagorolongna mobil teh, sabalikna mun 
nanjak, najan seutik tapi jauh, bakal karasa pisan beuratna.
   
  Perkara gunung magnet abdi mah asa yakin kulantaran fenomena nu terangkeun di 
luhur tadi. Ngan ngarah bisa jadi perhatian (keur narik wisatawan atawa aya 
maksud sejen) dingaranan we Gunung Magnet. Ngan lain hartina gunungna anu 
ngandung magnet. Sakadar ngaran sah sah saja. Di kalereun Bandung ge aya gunung 
tangkuban parahu, lain hartina aya parahu sagede gunung nangkub didinya. 
Sakadar ngaran, sah sah saja.
   
  Wasalam,
  Trias 
          

firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          tapi lamun gravitasi mah ka handap meureub Bah ...
gerakna pan ka luhur ieu mah ..
(ngan apal gravitasi kahandap)
tapi lamun magnet ... gesper ge meureun morosot
jeung rimbil deuih jalan ke duit logam
nu sieun mah .. kapal udara ge bisa ragrag mun liwat

jadi naon atuh ? ....




waluya2006 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Leres pisan Kang, kuring oge kungsi 
ningali dina TV, lamun teu salah 
mah disabudeureun Gn Lawu kitu? Tapi tetep kuring mah nyangka ieu 
kulantaran gravitasi, mungkin kulantaran efek topographi (kontur 
jalan) sabab ari medan magnet mah moal mungkin, sagala rupa nu tina 
logam pasti katarik kana kutub magnet. Bayangkeun we lamun medan 
magnet gede pisan kabel-kabel dina mobil (tambaga) pasti oge katarik 
maralengkung ngarah ka kutub magnet. Peralatan elektronik oge bakal 
kaganggu komo cassete mah, lagu-lagu bisa kapupus sadayana ....

Baktos,
WALUYA
[Sakapeung sok ngukur medan magnet bumi] 

--- In [email protected], firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Soal gunung magnet, salian di Arab aya oge anu di Jawa Tengah
> duanana pernah aya dina tipi (kuring nyahona tina tipi)
> duanana ampir sarua kajadianna
> sarua tempatna tanjakan tapi ngan dina jarak tertentu
> nu di jawa mah ngan 200 meteran, lamun di luar jarak eta euweuh 
nanaon




  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

                           

       

Kirim email ke