Kang,
   
  Biasa mental kurawa leuweung jeung udik mah...benten sareng mental kasatria, 
parantos ngagandengan jeung ngaganggu batur mah, hare-hare jeung nga hep-hep da 
sieun meureun.
  Mana Jihad..teh atuh..?? masih sieun keneh di bui geuning (kamari mah meni 
tarik pisan nyandak nami jihad teh).
  Simkuring ningali petinggi FPI dina TV saruana cuci tangan embung di 
salahkeun, da cenah neggeulan jelema teh gara-gara di provokasi pihak lawan 
jadi embung disalahkeun.
  Meureun ari nu ngarana pamimpin anu pinter jeung jiwa kasatria mah, kudu 
tanggung jawab kana sagala kalakuan anak buahna salila di lapangan arek kumaha 
bae masalahna.
  Lamun teu can siap nahan emosi mah, ulah gontok-gontokan mending bae macul 
jeung urus anak pamajikan da sarua mulia na, daripada ngagebugan batur nu teu 
boga dosa.
   
  wasalam
  Delun
   
  
dicksvf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          ning caricing nu kamari gogorowokan teh nya....

--- In [email protected], MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tilu koomponen dina perkawis ieu, nyaeta Pulisi, FPI
> sareng AKBB.
> Ceuk kuring mah tiluanana tiasa disebatkeun BELEGUG.
> Pami tilu komponen eta heunteu beleug mah, moal
> kajantenan siga kamari.
> Argumenna sapertos anu dipostingkeun ku Kang Surtiwa
> di handap.
> Sakedahna mah pan pulisi tos tiasa mengantisipasi,
> kajadian anu bakal tumiba. pan dina Undang-undang oge
> aya aturan, satiap anu bade demo teh lapor heula ka
> pulisi, jam, tempat sareng penanggung jawab anu demo
> saha. Eta sadayana kedah dilaporkeun ka pulisi.
> Nya kitu deui aya aturan demo, teu kenging nyandak
> barudak di bawah umur (memangna ka monas bade piknik),
> teu kenging nyandak senjata tajam, komo deui senjata
> api.
> Tah, kitu akibatna upama heunteu dipatuhi aturan,
> pulisi heunteu tegas.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> 
> --- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Ayeuna aya dokumentasi video ti FPI ..yen aya salah
> > sahiji anggota AKBB anu
> > keur ngabekaskeun pestol ka luhur...barengan orasi
> > anu ngajejeleh grup
> > laskar Islam utamana FPI...hayoh
> > rame..............Tebih pisan Ustadz Maman
> > ti Kuningan ka Jakrta sareng ngizinkan sababarha
> > anggota Ahmadiyah ngiringan
> > kana AKBB (padahal sikon keur panas = sanes bener
> > henteuna sanes sesat
> > sareng henteu sesat na). Tah dina tiori
> > kahuruan..aya BBM..aya
> > api...jadilah...........peristiwa Monas..
> > 
> > On 6/2/08, armandria udaya <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > > CEUK ABDI MAH, NU DIGEBUGAN JEUNG NU NGAGEBUGAN
> > TEH SARUA LIEURNA.
> > >
> > > LAIN SIGA KITU CARANA JADI PLURALIS
> > > LAIN SIGA KITU CARANA JADI ISLAM
> > >
> > > *asepbiru <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> > >
> > > FPI nyieun Rusuh Deui
> > > Di MONAS ngagebugan Jelma
> > > naha ari PULISI KAMARANA nya
> > >
> > > siganamah kong-kalikong meureun
> > > atanapi keur ngalihkeun kasus BBM meureun
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > 
> > >
> >
>



                           

       

Kirim email ke