Haturan Kang Bad ......
Tah geuningan parantos aya pikeun gambaranna mah, nya ........
01. Alternatif I: di Bogor, Minggu ping 19 Oktober 2008
02. Alternatif II: di Purwakarta, _____________________
Sok atuh anu ngarumaoskeun baraya bilih bade aya anu meuran kanu ieu rancana
urang geura rojong.
Mung hapunten yeuh Kang ti ayeuna wae yeuh ngawawar ....... saperkawis di Bogor
mah (alternatif I) rupina sim kuring nyalira moal tiasa ngiringan ulubiung
saperkawis kapingna anu teu nyekrup yeuh ....... cingan mamanawian anu di
Purwakarta ka alternatif-an tah ...... (Mugi-mugi wae dina tebihna oge ping 12
Oktober kituw .......!!!)
Tah geuningan kaleresan bade aya acara ka Bali oge geuningan ......!? Mangga
atuh bilih peryogi baktosan mah teu kedah asa-asa .......... sok sim kuring
tiasa ngabaktos naon tah .....!? Kumaha atuh pami HBH-na sakantenan di Bali-nya
.....!? He... he.... he ...... Mangga ah nyanggakeun ...........
Hatur nuhun,
ganles nu keur bubuara di lembur batur .........
Dari: Badrudin <[EMAIL PROTECTED]>
Saayeunaeun mah aya dua usulan ngeunaan HBH, usulan nu kahiji hayang
di Kampung Budaya Sindangbarang - Bogor, kuring saparakanca tos survey
ka KBS tidinya meunang tanggal nyaeta HBH mun di KBS rencana na 19
Oktober 2008, da samemeh tanggal 19 mah jigana moal bisa mun di KBS,
da ti 7 - 15 oktober rengrengan ti KBS ngawakilan Kab. Bogor (mungkin
Propinsi Jawa Barat) diondang ka acara Kirab Budaya/Festival Nusa Dua
- Bali..
Usulan nu kadua nyaeta di Jatiluhur, tah mun nu ieu mah memang can
sempet di survey kaditu, tapi informasi ngeunaan tempat sareng sagala
rupina mah tos aya...
Tos sababaraha kali sabenerna mah posting ngeunaan HBH teh, ngan duka
kunaon da tara aya nu mairan.. duka judulna kurang menarik.. duka
memang HBH na nu teu menarik.. tapi nu pasti mah isu HBH teh eleh we
ku isu si Darwin, AKK-BB jrrd..
Sabenerna mah matak sababaraha kali di postingkeun teh hayang apal
ereksi.. eh reaksi baraya sakabeh, pan HBH teh acara keur urang
sarerea jadi sumbang saran ti baraya sa KUSnet diantos pisan.. tah
tina ide2 nu aya ti baraya sakabeh ke urang rarancang kira2 mana nu
leuwih loba peminatna (KBS atanapi Jatiluhur), iraha waktuna nu pas,
trus jiga kumaha format acarana..
Jadi sakali deui, mangga ah geura mairan.. mending ngobrolkeun HBH
daripada ngobrolkeun nu teu pararuguh mah...
inget lur... HBH lain SANEKALA jadi teu kudu ditinggalkeun nyumput..
baktos'
bdn.
.
Dapatkan situs lowongan kerja - Yahoo! Indonesia Search.
http://id.search.yahoo.com/search?p=lowongan+kerja&cs=bz&fr=fp-top