Tong lepat Aceuk .......
Saleresna mah urang teh mung kawon tina pamasaranna wungkul ........ Maranehna
langkung waspaos kanggo ekspansi tea disjalurkeun sareng bisnis tea ....... tah
eta nu utami mah ......
Aya panuturan saurang ahli .... nu harita ditelepon .... yen anjeunna teh
kengin icalan donat, berger, lan setik tea teh sihoreng kenging nurutan
katuangan urang-urang keneh geuningan ......... tapi bari ngaharewos eta opge
sasangemna teh ........ Kaleresan saurna basa harita amengan jaralan-jalan ka
urang disuguhan katuangan tradisional urang tea ........ Muhun raos lan mirah
deuih cenah .....
Tah tina ali agrem teh kuanjeunna diolah dugi nu katelah donat tea ayeuna,
malihan mah gula beureum teh diekspan janten nganggo strawberi, kiju, coklat,
jrrd.
Kitu oge berger ..... waktos ja hiji bumi ... subuh-subuh, aya nu nyuguhan
surabi oncom ....... tah kumargi anjeunna mah enjing-enjing teh sok nuang roti
sareng endog, si endog teh dilebetkeun dina dua surabi oncom tea ... muhun dua
surabi dihijikeun ditengah-tengahna diendogan ........ kuanjeunna teh hayoh
dikembangkeun deui ..... nya katelah berger tea ayeuna mah.
Saperkawis setik ........ saleresna tinu sate eta teh da atuh ....... Muhun
apanan waktos wengina aya nu nyuguhan sate (katuangan urang oge sanes ....!?
Daging aralit anu diseumat ku tongkat alit ( naon atuh eta teh ... nya tusuk
sate tea, panginten) tongkat alit teh = stick tea. Tah kumargi anjeunna mah
tuangna teh rada rewog .... saurna teh karagok aralit dagingna, sareng deuih
milarian tusuk sate anu sapertos aya diurang di ngarana mah hese, mangkana teu
nganggo tusuk sate tea ... oge daging anu aralitna teh kumargi teu puas, saurna
teh ..... mangkana diarageungan ......
Tah kitu saurna teh .......... Muhun eta oge ceuk cenah ...... he... he.... he
.........
Sok atuh ari barosen mah ... manawi teu janten ngabosenkeun .........!
Nuhun ah ... janten lapar yeuh.
ganles nu keur bubuara di lembur batur .........
Dari: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
Katuangan tradisional murah meriah sapertos kieu kedah dimumule, da wayah
kiwari mah kawon ku katuangan bule sabangsaning donat, berger, setik srrd nu
matak ngondang pipanyakiteun pangpangnamah panyakit Kanker alias Kantong Kering
tea…heheh.
salam,
ro2.
.
Dapatkan situs lowongan kerja - Yahoo! Indonesia Search.
http://id.search.yahoo.com/search?p=lowongan+kerja&cs=bz&fr=fp-top