Memang aya bahayana naon anu dilakukeun ku Pak Harun Yahya teh. Eta
lebah ngadadarkeun bukti-bukti ilmiah kana hiji hal anu aya dina
tataran kayakinan (ayat-ayat Al Qur'an). Bahayanan teh kusabab hiji
teori dina elmu pangaweruh mah sifatna dinamis jeung ngandung
kamungkinan salah (dina hiji waktu sanggeus dipanggihan bukti-bukti
anu leuwih kuat pikeun ngagugurkeun hiji teori dina bab elmu). Hal ieu
teu nepiskeun fakta yen aya hiji teori anu (kabehdieunakeun kabuktian)
salah, tapi dina hiji kurun waktu eta teori teh applicable. Antara
aplikasi jeung tataran teori bisa jadi beda ajenna. Lamun urang geus
nasbehkeun yen hiji teori cocok keur penjelasan hiji ayat Al Qur'an,
kumaha engke upama eta teori teh salah?. Keur sabagean gede teori
ngeunaan fenomena alam, komo teori anu masih debatable, riskan pisan
mamawa ayat Al Qur'an mah.

Keur sakuringeun, kayakinan ieu mah, evolusi tetep aya, sakumaha dina
teori ngeunaan perkembangan kukudaan eh kuda. Tapi, penciptaan awal
oge aya. Lamun Pangeran bisa nyiptakeun nu kahiji, na bet teu bisa
nyiptakeun nu kadua (ieu tataran logika keur ngarojong kayakinan).
Atawa rek jadi kitu wae alias generatio spontania? Atawa, penciptaan
teh justru terjadi unggal waktu (cokot conto upamana kajadian sel anu
tuluy-tuluyan nganyaran maneh atawa "memperbaharui diri") jeung
Pangeran anu Maha nyiptakeunana, bahan dasarna sacara waktu eta qodim,
tapi sacara zat (dzatiyah) aya mimitina sabab mung zat Alloh anu
qodim. Siga panonpoe anu teu bisa dibedakeun waktu mucunghul panonpoe
jeung cahayana, tapi tetep, ayana cahaya panonpoe teh kusabab ayana
panonpoe (deui wae logika anu digunakeun keur ngadukung kayakinan).

manAR

manAR



On Wed, Jun 4, 2008 at 12:57 PM, H Surtiwa wrote:
> Ari ceuk abdi mah kang Harun yahya teh gagabah teuing [punten leupas tina
> maksud parjuanganna anu nganut tirori kreasionis. Nerbitkan Atlas..anu
> anonimuos..biaya ageung...gratis..dikirim ka Institusi2 anu unggul dina Ilmu
> pangaweruh di Amrik sareng di Eropa. Kakarek oge 3 poe..nggeus kanyahoan yen
> lolobana foto2na meunang maok...kurang waspada dina kaelmuan kawates (HY
> saurang Interior designer) ngalungkeun cenah anu disebut kumanehna
> "kekekalan/non evolusi" ka Ahli2 Biologi, paleontolgi, Ahli cell Complex,
> Ahli Sel sederhana, Ahli Palaeotogi, Ahli Antropologi, Ahli Mamalia, Ahli
> lauk, Ahli Serangga,jrrd,..jrrd. Atuh puguh langsung katingali onyol sareng
> naif...Ditambih kacarobohan editorial...Aya foto lauk anu keur ngadahar
> eupan ngusep..disebut lauk keur ngadahar saranga...Kaciri fotona meunang
> maok.........Lebar kugagabahna....Eta Atlas anu kandel sareng awis (lamun
> diical) teh janten Value na NOL AGEUNG...Abdi sanes panganut darwin..tapi
> basa Klas 6 SR dimusium waktos didomngengkeun karangka Kuda...didunya teh
> aya 6 (genep) tahapan evolusi karangka teh....duka naon ahrita teh teu
> ngarti...Sugan Teh Kuda Sumba...Kuda Arab..Kuda kacang............he..he..

Kirim email ke