KUSnet meunang piagam tina kertas saeh, eusina pangajen salaku salah sapuluh
wadah/lembaga/komunitas nu miluan sosialisasi aksara Sunda di jawa barat.
Piagem ditawis ku  Dr. H. Dadang Dally, kumplit jeung pangkatna, pembina
utama mudam nip 130449781, kepala dinas pendidikan provinsi jawa barat.

 

Si kuring atas nami pribadi oge kuncen #3 oge pupuhu yayasan perceka, kudu
nganuhunkeun ka baraya kusnet nu tos miluan ngurus aksara Sunda antik eta.
Kang Kumi di jakarta jatinangor, kang Dian tresna nugraha di uni Karlsruhe
Jerman, oge baraya sanesna nu teu kasebut

 

Kabeneran deui, pangulinan ge meunang piagem nu sarua. Alatan ngaran2 gedong
kuliah di itenas make ngaran jeung aya aksara Sunda-an, kenging abah Surya
kapungkur. Ari gagasanana mah ti pupuhu yayasan pendidikan dayang sumbi,
yayasan nu ngokolakeun itenas.

 

nuhun

Mj

 

Kirim email ke