Saprak BBM naek asa beuki hareudang naek angkot da aya wae nu pagetreng 
masalah mayar. Enya ge can aya pangumuman resmi ti pemda tapi  kenek mah tos 
menta leuwih, nu tadina 2000 jadi 2500 naek 25%. Nu embung mayar leuwih biasana 
lumpat kana dalil pan cenah tacan aya pangumuman naek tarip, ari kenek mah 
lumpat kana fakta harga bensin geus naek. Jadi we ribut, keur balik digawe 
cararape teh asa beuki sumpek, jalma babawaanana jadi barangasan.
Tos dites sababaraha kali geuning kenek teh teu ngotot harga paeh menta naek 
25%, da geuning 2.200 ge ditampi aman damai. Jadi sabenerna mah dina urusan 
mikrolet, metromini teh aya sisi surti, solider, empati (?). Mun tetep 
make dalil aturan dibacana maranehna teh urang teu paduli lingkungan, teu 
paduli kaayaan batur, tapi mun urang mere leuwih dianggapna tos surti, 
ngarasakeun kasusah batur.
Kiitu carita di Jumaah enjing, katampi sukuur teu katampi nya mugi dihapunten.
cag ah
JP

 
Makarya Mawa Raharja


      

Kirim email ke